Sabtu, 07 Januari 2012

صَلاَةُاْلأَوْلِيَاءِ

صَلاَةُاْلأَوْلِيَاءِ
لِلاتِّبَاعِ اْلأَنْبِيَاءِ
للراغبين من المؤمنين والطالبين والمريدين والسالكين والسّائرين والطائرين والواصلين في سلوك طريق الآخرة
 
تركيب :
العبد الذليل الحقير والعاجز الفقير والراجي عفو ربه القدير
عبد الله الحسن ابن حسن الدين القروتى السوندى الجاوى  المشهور بأبى سفيان
غفر الله له ولوالديه  ولجميع المؤمنين والمؤمنات
فى الدنيا إلى يوم القيامة
 آمين
 
طبع على نفقة
مجلس التعليم سيّد الأرواح
بندوع  -  إندنيسيا

SHOLAWAT DAMEULAN SIMKURING ANU HINA

بِسْمِ اللَّهِ الرَّحْمَانِ الرَّحِيْمِ
أَللَّهُمَّ صَلِّى وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا يَنْبُوْعِ البَرَكَاتِيَّةِ مِنْ زُمْرَةِ ْالإِنْسَانِيَّةِ قِبْلَتِنَا مُحَمَّدٍ خَيْرِ اْلبَرِيَّـةِ وَنَافِذِ السَّبْعِ ْالأَرَضِيَّـةِ مِنَ ْالعَالَمِ ْالبَشَرِيَةِ إِلَى المَلاَئِكَتِـيَّـةِ وَمُخْـتَرِقِ السَّبْعِ الطِّبَاقِـيَّةِ مِنَ السَّمَاءِ الرَّقِيْعَةِ إِلَى اللَّـأْبِـيَّةِ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ ذَوِى النُّفُوْسِ الزَّكِـيّةِ
Ya Alloh mugi ngawuwuhkeun rohmat Gusti sareng kasalameutan Gusti sarta kabarokahan Gusti ka jungjunan abdi sadaya anu janteun sumberna pirang-pirang barokah ti golongan manusa nyatana Qiblatuna Muhammad Saw. Anu langkung utami ti sadaya makhluk anu norobos tujuh lapis bumi nyatana ti kawit :
1. Alam Kamanusaan { عَالَمُ ْالبَشَرِيَّـةِ }
2. Alam Jin { عَالَمُ ْالجَانِّـيَّةِ }
3. Alam Kala { عَالَمُ ْالعَقَارِبِـيَّةِ }
4. Alam Oray-oray { عَالَمُ ْالحَـيَّاتِـيَّةِ }
5. Alam Setan-setan { عَالَمُ الشَّـيَاطِيْنَ}
6. Alam Iblis jeung pembantu-pembantuna { عَالَمُ ْالإِبْلِيْسِ وَجُنُوْدِهِمْ } dugi ka
7. Alam Malaikat { عَالَمُ ْالمَلاَئِكَتِـيَّـةِ }
Jeung anu norobos tujuh lapis langit anu ditutup ti kawit langit anu kahiji anu wastana :
1. Roqii`ah { رَقِيْعَة }
2. Faiiduum atanapi Maa`uun { فَيْدُوْم أَوْ مَاعُوْن}
3. Malakuut atanapi Haaroyuun { مَلَكُوْت أَوْ هَارَيُوْن }
4. Zaahiroh { الزَّاهِـرَة }
5. Muzayyanah atanapi Musahharoh { المُـزَيّـنَة أَوْ المُـسَـهَّرَة }
6. Kholishoh { الخَالِصَة } dugi ka
7. La,biyyah atanapi Daami`ah { اللَّـأْبِـيَّة أَوِ الدَّامِعَة }
Sareung mugi ngawuwuhkeun rohmat Gusti sareng kasalameutan Gusti tur kabarokahan Gusti ka para kulawargina kangjeung Nabi Saw. Sareng ka para Shohabatna kangjeung Nabi Saw. Anu ngagaduhan Manah anu bersih tina kokotor syahwat hawa nafsu.
تركيب للفقير إلى رحمة الربّ الغفّار : محمّد أبى سفيان بن حسن الدين السندى الجاوى

BUBUKA

مُقَدِّمَةٌ
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِى بِنُوْرِجَمَالِهِ أَضَاءَ قُلُوْبَ اْلعَارِفِيْنَ وَبِهَيْـبَةِ جَلَالِهِ أَحْرَقَ فُؤَادَ ْالعَاشِقِيْنَ وَبِلَطَائِفِ عِنَايَـتِهِ عَمَّرَ سِرَّ ْالوَاصِلِيْنَ وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ أَبَدًا عَلىَ خَيْرِ خَلْقِهِ سَيِّدِنَامحَُمَّدٍ خَاتِمِ اْلأَنْبِيَاءِ وَاْلمُرْسَلِيْنَ وَذِى الشَّفَاعَةِ ْالعَظِيْمِ وَقَائِدِ ْالغُرِّ ْالمُحَجَلِيْنَ وَعَلَى آلِهِ وَ سَائِرِ اْلأَنْبِيَاءِ وَاْلمُرْسَلِيْنَ وَاْلمَلَائِكَةِ ْالمُقَرَّبِيْنَ وَاْلأَصْحَابِهِ وَالشُّهَدَائِهِ وَْالعُلَمَائِهِ ْالعَامِلِيْنَ وَاْلأَوْلِيَائِهِ صَلَوَاتُ اللهُ وَسَلَامُهُ عَلَيْهِمْ أَجْمَعِيْنَ … آمِيْنَ
BUBUKA
Sadaya jenis puji eta tetep kagungan Alloh anu nyaangan kana ( Aqal anu aya di jero ) pirang-pirang hate jalma anu uninga ka Allohna, kalayan cahaya kageulisan-Na. Ngaduruk hate jalma anu asyik mikasono-Na, kalayan kahebatan kamulyaan-Na. Ngamakmurkeun rusiah jalmi-jalmi anu janteun panghubung ka jalan-Na, kalayan pitulung-Na anu lemah -lembut. Sholawat sareung salam ِsalamina di wuwuhkeun ka makhluk-Na anu pang hadena, pamingpin abdi sadaya Qiblatuna Muhammad Saw. Anu janteun panutup para Nabi sareung Rosul anu ngagaduhan syafa`at Uzhma sareung pamingpin para abdi anu moronyoy sareung sholawat sarta salam ِsalamina diwuwuhkeun kakulawargi-Na Saw. Kitu deui ka sadaya para nabi sareung para rosul, para malaikat muqarrobin ( malaikat anu salawasna cakeut reujeung Alloh ), para shohabatna, syuhadana, para u`lamana anu ngamalkeun kana elmuna sareung para walina. Sholawat Allah sareung salam-Na eta teuteup ka aranjeunna sadayana. Aaaaaamiiiin.

( أَمَّابَعْدُ ) فَقَدْ أَلَّفْتُ هَذَا اْلكِتَابَ لِيَتَمَسَّكَ بِهِ طَالِبُ ْالحَقِّ وَيَسْتَعِيْنَ بِهِ عَلَى سُلُوْكِهِ إِنْ شَاءَ الله ُتَعَالَى , وَأسْتَعِيْنُ فِى ذَلِكَ بِاللهِ تَعَالَى مِنَ ْالخَلَلِ وَالزَّلَلِ وَهُوَ خَيْرٌ نَاضِرٌ وَمُعِيْنٌ وَإِ يَّاهُ أَسْأَلُ أنْ يَنْفَعَ بِهِ أَنَّهُ قَرِيْبٌ مُجِيْبٌ

( Anapon saparantos eta ):
Simkuring ngarang buku ieu supados tiasa janteun ceuceukeulan pikeun jalmi anu milari bebeneran , sareung janteun cetakan pikeun dijanteunkeun ceuceukeulan moralitas anu luhur ( suluk ). Insya Alloh. Simkuring salawasna nyuhunkeun ka Alloh Swt. Supados dijero ngarang ieu diteubihkeun tina cacad sareung sasar.Karana mung Alloh anu Maha Panulung sareung Maha Panyalameut anu langkung sae, sareung tangtu, mung ka Alloh simkuring nyuhunkeun supados buku ieu tiasa mere mangfa`at, mung Alloh anu maha Cakeut tur Maha ngobulkeun kana sadaya du`a.
وربما قال قائل ممن لا يعقل: الكتب كثيرة وفيها غنية وكفاية فلا فائدة في تصنيف الكتب في هذا الزمان، فهذا القائل إن أصاب في قوله: إن في الكتب غنية وكفاية فقد أخطأ في قوله: لا فائدة للتصنيف في هذا الزمان، لأن للقلوب ميلاً بحكم الجبلة إلى كل جديد، وأيضاً فإن الله يُنطِق علماء كل زمان بما يوافق أهله، والتصانيف تبلغ الأماكن البعيدة وتبقى بعد موت العالم فيحصل له بذلك فضل نشر العلم ويكتب معلماً داعياً إلى الله في قبره،.
Jeung terkadang ( Meureun ) aya anu nyarios :” Geus loba kitab anu disusun kalayan rupi-rupi uraian sareung panjeulasan anu akurat , mangka teu aya gunana deui urang ngarang di zaman kiwari.
Ieu jalma , sok sanajan anjeuna meureun beuneur dina cariosanna, yen kitab geus loba , tapi anjeunna geus saliru nyarioskeun yen teu aya gunana deui nyusun kitab di zaman kiwari, sabab geus jadi tabeat manusa anu doyong kana perkara-perkara anu anyar .Alloh Swt. oge parantos nganjurkeun ka para U`lama sangkan tiasa adaptasi ka masyarakat anu hirup dina zamanna.
Karya tulis tiasa ngadugikeun kana tempat-tempat anu jauh sareung mangfaatna tiasa salawasna diraoskeun sok sanajan si panulis geus maot, mangka kalawan karya tulisna eta , anjeunna meunang kautamaan salaku saurang panyeubar elmu , sareung bakal di cateut di leubeut kuburna salaku Muallim anu umajak ka jalan Alloh Swt.
كما قال رسول الله صلى الله عليه وسلم: "من أنعش لسانه حقاً يعمل به من بعده أُجرِيَ عليه أجرُه إلى يوم القيامة"
sakumaha pidawuh Nabi Saw.  : “ Sing saha jalma anu make letahna pikeun neupikeun bebeneuran eta salawasna diamalkeun ku jalma sejen saparantos maotna , mangka anjeunna bakal meunangkeun ganjaran anu ngalir tuluy-tumuluy dugi ka poe qiamah”.
وقد سميت هذه الكتاب بصلاة الأولياء للإتباع الأنبياء للراغبين من المؤمنين والطالبين والمريدين والسالكين والسّائرين والطائرين والواصلين في سلوك طريق الآخرة "

Sareung Yakin parantos nganamian simkuring kana ieu buku kalawan nami “  SHOLATUL AULIYA LITTIBAA`IL AMBIYAA   “ pikeun pirang-pirang jalmi anu resep ti kaum mu`minim dina ngambah jalan akherat.
أسأل الله تعالى أن ينفعني بها وسائر المؤمنين، وأن يجعل جمعي لها واعتنائي بها وبتأليفها خالصاً لوجهه الكريم
Simkuring Nyuhunkeun ka Alloh Swt. supados ieu buku tiasa mere mangfaat khususna pikeun diri simkuring  nyalira sareung sadaya kaum mu`minin , mugia Alloh maparin ka Ikhlasan dina panyeuratan ieu.
وهذا أوان الابتداء وبالله التوفيق فأقول مستعيناً بالله ومفوضاً إليه، وسائلاً منه أن يوفقني لإصابة الصواب في النيات والأعمال والأقوال، فإنه ولي ذلك والقادر عليه، وهو حسبي ونعم الوكيل:
Ari ieu eta waktosna ngawitan, sareung ka Alloh ari nyuhunkeun pitulung ( mangka simkuring ngucap ) : barina anu nyuhunkeun tulung ka Alloh sareung anu masrahkeun ka Alloh sareung anu neda ( nyuhunkeun )  ti Alloh kana yen maparin taufik Alloh ka simkuring kana ngeunaan leureus dina pirang-pirang niat, pirang-pirang amal sareung pirang-pirang ucap, karana saestuna Allloh Swt. eta anu nulungan kana itu ngeunaan lereus ( Showab )sareung anu kawasa kana ngeunaan leureus  sareung ari Alloh Swt. eta anu maha nyeukapkeun ka simkuring, sareung anu pangsaena anu dipasrahan.

ABDILLAH HASAN BIN HASANUDDIN AL-QORUTY

ASAL-USUL SHOLAT DI ALAM LAHUT SAREUNG JABARUT

بسم الله الرحمان الرحيم
الباب الأوّل
فِى تَارِيْخِ الصَّلَاةِ بِعَالَمِ اللَّاهُوْتِ وَ عَالَمِ الْجَبَرُوْتِ
BAB I
ASAL-USUL SHOLAT DI ALAM KAPANGERANAN SAREUNG ALAM KAKAWASAAN ALLOH
قَالَ اللهُ عَزَّ وَجَلَّ وَمَا خَلَقْتُ الْجِنَّ وَالْإِنسَ إِلَّا لِيَعْبُدُونِ ﴿٥٦﴾
Parantos ngadawuh Alloh Anu Maha Mulya tur Maha Agung :
“ Hanteu sapati-pati ngadameul Kaula anu Agung ka jin sareung manusa kajaba pikeun aribadah ( tegesna pikeun ngawanohkeun kaula ). ( Q.S.Adz-Dzaariyaat 51 : 56 ) “.
كَمَا قَالَ اللهُ تَعَالَى فِى حَدِيْثِ ْالقُدْشِىِّ : كُنْتُ خَزِيْنَةً خَافِيَةً أَحْبَبْتُ أَنْ أُعْرَفَ فَخَلَقْتُ اْلخَلْقَ فَتَعَرَّفْتُ إِلَيْهِمْ فَعَرَفُوْنِىْ
Sakumaha pidawuh Alloh Ta`alaa dina hadits qudsyi :
Kaula ( Alloh Swt. ) nyaeta gudang sisimpeunnan anu disamarkeun ( Ghoib ), Kaula ( Alloh Swt. ) hoyong ngawanohkeun, Saha Kaula ? mangka ngadameul Kaula ( Alloh Swt. ) kana hiji makhluq ( NUR MUHAMMAD SAW. ), kusabab eta kaula ngawanohkeun diri Kaula ( Alloh Swt. ) ka eta hiji makhluq, mangka eta pirang-pirang makhluq wanoh ka Kaula ( Alloh Swt. ) “.
قال الولىُّ الله تعالى القطب الغوث الفرد الجامع السيّد الشيخ محيى الدّين عبد القادر الجيلانى رضى الله عنه فى كتابه ( سرّ الأسرار ومظهر الأنوار ) : أنّ الله تعالى خلق  روح محمّد صلى الله عليه وسلم أوّلا من نور جماله
Parantos ngadawuh hiji Wali Alloh anu pangkatna Quthbul Gauts Fardil Jaami` nyatana Sayyidi Syekh Muhyiddin Abdul Qodir jailani ra. Dina sapalih kitabnya ( Rusiah dibalik pirang-pirang rusiah sareung tembongna pirang-pirang cahaya dina mata hate ) :” kana saestuna Alloh Ta`alaa parantos ngadameul kana ruh Muhammad Saw. Halna mimiti tina cahaya ka maha endahan milik Alloh.”
 كَمَا قَالَ اللهُ تَعَالَى فِى حَدِيْثِ ْالقُدْشِىِّ : خلقت روح محمّد صلى الله عليه وسلم من نور وجهى
Sakumaha pidawuh Alloh Ta`alaa dina hadits qudsyi :
“ parantos ngadameul Kaula ( Alloh Swt. )  kana ruh muhammad saw. tina cahaya perwujudan Kaula ( Wajb )”.
 كَمَا قَالَ النبى صلى الله عليه وسلم أول ما خلق الله روحى و أول ما خلق الله نورى
Sakumaha pidawuh Nabi Saw. : “ Ari Ngawitan perkara eta parantos ngadameul Alloh kana ruh kaula, sareung ngawitan perkara eta parantos ngadameul Alloh kana cahaya kaula “.
و قَالَ النبى صلى الله عليه وسلم : أنا من الله والمؤمنون منى
Sareung pidawuh Nabi Saw. : “Kaula eta ti Alloh sareung pirang-pirang jalma anu ariman eta ti kaula,
كَمَا قَالَ اللهُ عَزَّ وَجَلَّ قَدْ جَاءكُم مِّنَ اللّهِ نُورٌ ﴿١٥﴾
Sakumaha pidawuh Alloh Ta`alaa Anu maha Mulya tur Maha Agung  :” Nyata parantos dongkap ka aranjeun ( pirang-pirang jalma ariman  ) ti Alloh Swt. hiji cahaya ( tegesna Nur Muhammad Saw. ) “ ( Q.S.Al-Maidah 5 : 15 )
و خلق الله الأرواح كلها منه فى عالم اللاهوت
parantos ngadameul Alloh Swt. Kana pirang-pirang roh sadayana tina NUR MUHAMMAD SAW. Di Alam Kapangeranan.
كَمَا قَالَ اللهُ تَعَالَى فِى حَدِيْثِ ْالقُدْشِىِّ : لَوْلَكَ لَوْلَكَ يَامُحَمَّدُ لَمَا خُلِقَ ْالعَالمَ ُ

Sakumaha pidawuh Alloh Ta`alaa dina hadits qudsyi :
“ upami teu aya anjeun-upami teu aya anjeun hey Muhammad tangtu moal didameul ieu alam.”
وقال الإمام عبد الرحيم والسيوطى رضى الله عنهما :
قد جاء فى الخبر أنّ الله تعالى خلق شجرة لها أربعة أعصان قسماها شجرة اليقين ثمّ خلق نور محمّد فى حجاب من درة بيضاء كمثل الطاوس ووضعه على تلك الشجرة فسبح عليها مقدار سبعين ألف سنة ثمّ خلق مرآة الحياة فوضعت باستقباله فلما نظر الطاوس فيها رأى صورته أحسن صورة وأزين هيئة فاستحى من الله تعالى فعرّق فقطر منه ستّ قطرات فخلق الله تعالى من القطرة الأولى روح الأبى بكر رضى الله عنه و من القطرة الثانية روح عمر رضى الله عنه و من القطرة الثالثة روح عثمان رضى الله عنه و من القطرة الرابعة روح علىّ كرم الله وجهه و من القطرة الخامسة الورد و من القطرة السادسة الأرزّ ثمّ سجد ذلك النور المحمّدى خمس مرات فصارت علينا تلك السجدات فرضا مؤقتا ففرض الله تعالى خمس صلوات على محمّد و أمّته صلى الله عليه وآله وسلم.
( نقل فى دقائق الأخبر للإمام عبد الرحيم وفى الدّرر الحسان للسيوطى

Parantos ngadawuh Imam Abdur rohim sareung Imam Jalaluddin Assuyuthy ra. :” Nyata tos dongkap kateurangan dina hiji hadits, Saestuna Alloh Ta`ala ngadameul tangkal anu ngagaduhan 4 dahan sareung ngangaranan kana eta tangkal teh “ TANGKAL KAYAQINAN “ lajeung Alloh Ta`alaa ngadameul NUR MUHAMMAD SAW. dijero hahalang ( hijab ) tina inteun anu bodas, kawas saumpamana manuk merak ( dina pada endahna ), lajeung Alloh nyimpeun ( kalawan kakawasaan-Na ) kana ieu NUR MUHAMMAD SAW. ( anu saumpama manuk merak dina pada endahna ), disaluhureun eta tangkal, mangka ieu NUR MUHAMMAD SAW. ( anu saumpama manuk merak dina pada endahna ) maos tasbih diluhur eta tangkal kira –kira 70.000 taun.
lajeung Alloh  ngadameul “ ENTEUNG KA ISIN “lajeung Alloh nyimpeun ( kalawan kakawasaan-Na ) di payuneun eta NUR MUHAMMAD SAW. ( anu saumpama manuk merak dina pada endahna ), nalika eta NUR MUHAMMAD SAW. ( anu saumpama manuk merak dina pada endahna ) ninggal dirina dijero eunteung , mangka janteun uninga ieu NUR MUHAMMAD SAW. ( anu saumpama manuk merak dina pada endahna ), kana kaendahan rupina sareung kasaean tingkahna. Tungtungna eta NUR MUHAMMAD SAW. ( anu saumpama manuk merak dina pada endahna ), ngaraos isin ku Alloh Ta`alaa. Sahingga ngesang kesangan, eta kesang ngeuclak dugika 6 keclakan.lajeung Alloh Ta`ala ngadameul tina keclakan kesang anu ka 1 kana ruhna Sayyid Abu Bakar shidiq ra. Sareung tina keclakan kesang anu ka 2 Alloh ngadameul kana ruhna Sayyid Umar bin khothob ra. Sareung tina keclakan kesang anu ka 3 Alloh ngadameul kana ruhna Sayyid Utsman bin Affan ra. Sareung tina keclakan kesang anu ka 4 Alloh ngadameul kana ruhna Sayyid Ali bin Abi Tholib kwh. Sareung tina keclakan kesang anu ka 5 Alloh ngadameul kana kembang mawar. Sareung tina keclakan kesang anu ka 6 Alloh ngadameul kana Pare, lajeung eta NUR MUHAMMAD SAW. ( anu saumpama manuk merak dina pada endahna ) Sujud kalawan lima kali sujud , mangka janteun kawajiban pikeun urang sadaya sababaraha sujudan ( anu 5 ) eta , halna kafardhuan anu diwaktukeun. Alloh Ta`ala ngawajibkeun 5x sholat dina sadinteun sawengi ka kangjeung Nabi Muhammad Saw. Sareung ka umatna Saw.



Wallahu Ta`ala A`lamu.

ASAL USUL SHOLAT DI ALAM MALAKUT

الباب الثانى

فِى تَارِيْخِ الصَّلَاةِ بِعَالَمِ الْمَلَكُوْتِ
BAB II
ASAL USUL  SHOLAT DI ALAM KAMALAIKATAN
 وروى عن جابر ومعاذ رضى الله عنهما أنهما قالا :
Diriwayatkeun ti Jabir sareung Muad ra. kana saestuna Jabir sareung mu`ad  eta ngadawuh 2 nana :
حين صعد رسول الله صلى الله عليه وسلم إلى السموات رآى فى السماء الدنيا ملائكة قائما دائما من يوم خلقهم الله تعالى مع قراءة الأذكار ولا يركعون
Dina waktu unggah Rosululloh Saw. Kapirang-pirang langit mangka ninggal Rosul Saw.dilangit dunya ka malaikat anu ngadeug dina salawasna halna maos dzikir sareung hanteu ruku` eta malaikat  ti ngawitan poean ngadameul Allah Swt. ka eta malaikat,
ورآى فى السماء الثانية راكعين دائما ولا يرفعون رؤسهم
Sareung ninggal  Rosul Saw ka malaikat dilangit ka 2 halna anu ruku` sadayana dina salawasna sareung teu nyeungkatkeun malaikat kana pirang-pirang mastakana
ورآى فى السماء الثالثة ملائكة ساجدين ولا يرفعون رؤسهم إلا عند تسليم رسول الله صلى الله عليه وسلم فيرفعون حينئذ رؤسهم فلذلك يكرّر السجود مرتين كل ركعة
Sareung ninggal  Rosul Saw ka malaikat dilangit ka 3 ka malaikat halna sujud sadayana sareung teu nyeungkatkeun malaikat kana pirang-pirang mastakana anging dina nalika masihan salamna Rosululloh saw. Ka itu malaikat mangka nyeungkatkeun malaikat dina nalika taslim kana pirang-pirang mastakana mangka kusabab di bulak balik sujud kalawan 2x dina tiap rokaat
ورآى فى السماء الرابعة ملائكة يتشهّدون دائما
Sareung ninggal  Rosul Saw ka malaikat dilangit ka 4 halna anu tahiyyat sadayana dina salawasna
ورآى فى السماء الخامسة ملائكة يسبّحون ويذكرون الله دائما 
Sareung ninggal  Rosul Saw ka malaikat dilangit ka 5 halna maca tasbih sareung dzikir ka Alloh swt. Dina salawasna
ورآى فى السماء السادسة ملائكة يكبّرون دائما 
Sareung ninggal  Rosul Saw ka malaikat dilangit ka 6 halna takbir dina salawasna
ورآى فى السماء السابعة ملائكة يقولون ياسلام ياسلام دائما من يوم خلقهم الله تعالى
Sareung ninggal  Rosul Saw ka malaikat dilangit ka 7 halna maca kana Ya Salaam Ya Salaam dina salawasna dina mimiti poean ngadameul Alloh ka malaikat
فترجى رسول الله صلى الله عليه وسلم بقلبه أن يكون كلّ عبادة ملائكة السماوات السبع له صلى الله عليه ولأمته
Mangka ngareup-ngareup Rosululloh Saw. Kalawan manahna kana yen aya saban-saban ibadah malaikat pirang-pirang langit anu tujuh eta tetep ka rosululloh Saw. Sareung umat-Na.
فجمع كلّ عبادة ملائكة السماوات السبع له صلى الله عليه ولأمته
Mangka ngumpulkeun Alloh Saw. Kana saban-saban ibadah malaikat pirang-pirang langit anu tujuh dina 2 roka`at ka Rosululloh Saw. Sareung umat-Na.
وقال معاذ وجابر رضى الله عنهما : فمن قام فى صلاته مع التعظيم لله تعالى وأكمال أركانها وركوعها وسجودها كان له ثواب ملائكة السماوات السبع
Ngadawuh Mu`ad sareung Jabir ra. :”mangka saha-saha jalma anu ngadeug eta jalma dina sholat eta jalma sarta ngagungkeun ka Alloh Swt.  Sareung nyampurnakeun kana pirang-pirang rukun sholat, ruku`sholat sareung sujud sholat mangka aya eta tetep pikeun eta jalma ari ganjaran para malaikat pirang-pirang langit anu tujuh.

ASAL USUL SHOLAT DI ALAM NASUT

الباب الثالث
فِى تَارِيْخِ الصَّلَاةِ بِعَالَمِ النَّاسُوْتِ
BAB III
ASAL USUL  SHOLAT DI ALAM KAMANUSAAN
قال النووي رضى الله عنه فى سلم المناجاة : فأوّل من صلى الصبح آدم عليه السلام حين خرج من الجنّة ورآى الظلمة فخاف خوفا شديدا فلمّا انشقّ الفجر صلى ركعتين ركعة للشكر على خلاصه من الظلمة وركعة للشكر على عود ضوء النهار


Parantos ngadawuh Syekh Nawawi At-Tanara Al-bantani Al-Jawi RA. Dina kitabna Sulam Munajat : “ Ari pangpayuna jalmi anu sholat ieu jalmi kana sholat shubuh eta Nabi Adam as. Dina waktos kaluar Nabi Adam as. Ti surga sareung ninggal Nabi Adam as. Kana popoek mangka ngaraos sieun Nabi Adam as. Kalawan sieun anu bangeut, maka tetkala meletek bijil fajar mangka sholat  Nabi Adam as.  Kalawan 2 roka`at ( 2x ruku` )  , saroka`at ( 1x ruku ) karana syukuran ( ka Alloh Swt. ) kana salameutna Nabi Adam as.tina popoek  sareung sarokaat deui karana syukuran ( ka Alloh Swt. ) kana balik deui caangna beurang”.


وأوّل من صلى الظهر إبراهيم عليه السلام حين أمره الله تعالى بذبح ولده إسمعيل ثمّ يذبح فدائه وذلك حين زوال الشمس فصلى أربع ركعات ركعة للشكر على الفداء وركعة للشكر على ذهاب حزنه على ولده وركعة لطلب رضا الله تعالى عليه وركعة لحصول النعمة وهى الكبش المنـزل من الجنّة وهو كبش هابيل

“ Ari pangpayuna jalmi anu sholat ieu jalmi kana sholat Dzuhur eta Nabi Ibrohim as. Dina waktos miwarang Alloh Swt. Ka Nabi Ibrohim as.  Kana meuncit putrana nyatana Nabi Ismail as. Teuras dipeuncit panebusna Nabi Ismail as.( tegesna hiji domba ) Dina waktos lingsir panon poe  mangka sholat  Nabi Ibrohim as.  Kalawan 4 roka`at ( 4x ruku` ) , anu saroka`at ( 1x ruku ) karana syukuran ( ka Alloh Swt. ) kana gagantina ( Nabi Ismail nyaeta hiji domba ) sareung saroka`at karana syukuran ( ka Alloh Swt. ) kana ical kaseudihna Nabi Ibrohim as.  Ka putrana sareung saroka`at karana nyuprih ridho Alloh Swt. sareung saroka`at deui karana hasil ni`mat, sareung ari itu ni`mat eta hiji domba anu dilungsurkeun ti surga, sareung ari itu hiji domba eta dombana kagungan Habil bin Adam as. ”. (  anu di angkat eta dombana Habil bin Adam as. ka surga dina waktos sayembara ngadoa sareung wargina anu ngaranna Qobil La`natalloh ( nyatana anu mateni Habil bin Adam as. ) dina waktos kawon sayembara ).


وأوّل من صلى العصر يونس عليه السلام حين أخرجه الله تعالى من البطن الحوت وهو مثل فرخ الطير الّذى لاريش فيه وقد كان فى أربع ظلمات ظلمة الحشا وظلمة الماء وظلمة الليل وظلمة فى بطن الحوت وكان خروجه وقت العصر فصلى أربع ركعات شكرا لله تعالى على خلاصه من تلك الظلمات الأربع


“ Ari pangpayuna jalmi anu sholat ieu jalmi kana sholat A`shar eta Nabi Yunus as. Dina waktos ngaluarkeun Alloh Swt. Ka Nabi Yunus as.  Tina beuteungna lauk paus  sareung ari Nabi Yunus as.  Eta sapertos anak manuk anu teu buluan dijero beuteung lauk paus sareung nyata aya Nabi Yunus as.  Dina 4 pirang-pirang popoek 1.popoek keueung 2.popoek cai 3.popoek peuting 4.popoek dijero beuteung lauk paus, sareung bukti kaluarna Nabi Yunus as.  Dina waktos A`shar  mangka sholat Nabi Yunus as.  Kalawan 4 roka`at ( 4x ruku` ) karana syukuran ka Alloh Swt. Kana salameutna Nabi Yunus as.  Tina eta pirang-pirang popoek anu 4 ”.


وأوّل من صلى المغرب عيسى عليه السلام حين خرج من بين قومه وهو حين غروب الشمس فصلى ثلاث ركعات ركعة لنفى الألوهيّة عن غير الله تعالى وركعة ثانية لنفى التهمة عن أمّه من قذف قومه وركعة لإثبات التّأثير والألوهيّة لله وحده ولهذا تجتمع الركعتان الأولتان وتنفرد الركعة الثالثة


“ Ari pangpayuna jalmi anu sholat ieu jalmi kana sholat Maghrib eta Nabi I`sa as. Dina waktos kaluar Nabi I`sa as.  Diantara kaumna Nabi I`sa as.  Sareung ari kaluarna eta dina waktos surup panon poe mangka sholat Nabi I`sa as.  Kalawan 3 roka`at ( 3x ruku` ) karana syukuran ka Alloh Swt. anu saroka`at ( 1x ruku ) karana nganafikeun ( ngeuweuhkeun ) pangkat kapangeranan ti salian Alloh Swt.  ) sareung saroka`at anu kaduana karana nganafikeun kana sangka salah ti Ibuna  Nabi I`sa as.  Tina nuding koumna Nabi I`sa as.  sareung saroka`at deui karana netepkeun napakan sareung pangkat pangeran ka Alloh Swt. Halna wungkul Alloh Swt. Sareung sabab ieu keumpeul 2 roka`at anu mimiti duanana jeung nyorangan rokaat anu katilu”.

وأوّل من صلى العشاء موسى عليه السلام حين ضلّ عن الطريق حين خروجه من مدين وهو فى أحزان أربعة فى حزن على زوجه صافورآء وحزن على أخيه هارون وحزن على أولاده وحزن على سطوة فرعون فخلصه الله من ذلك كلّه بوعد صادف ذلك فى وقت العشاء فصلى أربع ركعات شكرا لله تعالى على ذهاب الأحزان الأربعة


“ Ari pangpayuna jalmi anu sholat ieu jalmi kana sholat I`sa eta Nabi Musa as. Dina waktos leuiteun Nabi Musa as. Tina jalan dina waktos kaluar Nabi Musa as. ti daerah madyan , sareung ari  Nabi Musa as.  Eta dina pirang-pirang kaseudih anu 4 : 1. seudih kabojona ( nyaeta sayyidah Shofuro ) 2. Seudih ka saderekna ( nyaeta Nabi Harun as. ) 3. Seudih ka pirang-pirang putra-Na 4. Seudih kana gagahna Fir`aun la`natalloh. Mangka nyalameutkeun Alloh Swt ka Nabi Musa as. Tina pirang-pirang kanalangsaan anu 4 nyatana sadayana kalayan jangji anu meuneuran eta jangji dina waktos I`sa , mangka sholat Nabi Musa as. Kalawan 4 roka`at ( 4x ruku` )  karana syukuran ka Alloh Swt. Kana icalna pirang-pirang kanalangsaan anu 4 rupa”.


وروى أنّ الصبح لآدم والظهر لداود والعصر لسليمان والمغرب ليعقوب والعشاء ليونس


Diriwayatkeun kana saestuna sholat shubuh ka Nabi Adam as., zhuhur ka Nabi Daud as., A`shar ka Nabi Sulaiman as., maghrib ka Nabi Ya`qub as. Sareung I`sya ka Nabi Yunus as.


وقد نظمها بعضهم من بحر الطويل فقال


Sareung nyata sapalih para U`lama nganadzomkeun kana sholat kalawan bahar Thowil ( tegeusna hiji lagu tina elmu arudh ), mangka nyiirkeun sapalih para U`lama :


لآدم صبح والعشاء ليونس * وظهر لداود وعصر سليمانا

eta tetep ka Nabi Adam as. ari Sholat Shubuh sareung Sholat I`sya ka Nabi Yunus as. * sareung Sholat Zhuhur ka Nabi Daud as. sareung Sholat Ashar ka Nabi Sulaiman as.

ومغرب يعقوب وقد جمعت له * عليه صلاة الله سرّا وإعلانا

sareung Sholat Maghrib ka Nabi Ya`qub as. sareung nyata dikeumpeulkeun sadayana * ka Nabi Muhammad Saw. Halna samar tur pertela.

Malaikat Jibril as. ngajar Rosululloh Saw. Tatacara Wudhu sareung Sholat.

 تَعْلِيمُ جِبْرِيلَ الرّسُولَ صَلّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلّمَ الْوُضُوءَ وَالصّلَاةَ ( فصل الأوّل )
( Pasal ka-1 ) Malaikat Jibril as. ngajar Rosululloh Saw. Tatacara Wudhu sareung Sholat.


قَالَ ابْنُ إسْحَاقَ : وَحَدّثَنِي بَعْضُ أَهْلِ الْعِلْمِ أَنّ الصّلَاةَ حِينَ اُفْتُرِضَتْ عَلَى رَسُولِ اللّهِ صَلّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلّمَ أَتَاهُ جِبْرِيلُ وَهُوَ بِأَعْلَى مَكّةَ ، فَهَمَزَ لَهُ بِعَقِبِهِ فِي نَاحِيَةِ الْوَادِي ، فَانْفَجَرَتْ مِنْهُ عَيْنٌ فَتَوَضّأَ جِبْرِيلُ عَلَيْهِ السّلَامُ ، وَرَسُولُ اللّهِ صَلّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلّمَ يَنْظُرُ إلَيْهِ لِيُرِيَهُ كَيْفَ الطّهُورُ لِلصّلَاةِ ثُمّ تَوَضّأَ رَسُولُ اللّهِ صَلّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلّمَ كَمَا رَأَى جِبْرِيلَ تَوَضّأَ ثُمّ قَامَ بِهِ جِبْرِيلُ فَصَلّى بِهِ وَصَلّى رَسُولُ اللّهِ صَلّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلّمَ بِصَلَاتِهِ ثُمّ انْصَرَفَ جِبْرِيلُ صَلّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلّمَ

Parantos nyarios Ibnu Ishaq , parantos sasanggeum ka kaula sapalih jalmi anu ngagaduhan elmu ( ahli elmu ),” nalika pikeun ngawitan pisan sholat diwajibkeun ka Rosululloh Saw.,Malaikat jibril dongkap ka Manteuna Saw.  Anu nalika eta nuju aya diluhur gunung  Makkah. Malaikat jibril maparin isyarat ka Rosululloh Saw. Kalawan  keuneungna dilengkob sareung tina eta lengkob manceur mata cai. lajeung malaikat Jibril as. wudhu –sedeungkeun Rosululloh Saw. Ningalikeun-Na – pikeun ningalikeun ka manteunna Saw. cara susuci pikeun sholat , lajeung manteunna wudhu sapertos malaikat Jibril as. wudhu. lajeung malaikat Jibril ngadeug sareung sholat, sareung Rosululloh Saw.sholat sapertos sholat-Na malaikat Jibril as., saparantos eta, malaikat Jibril as. Malengos ti payuneun Rosululloh Saw.

Malaikat Jibril as. ngajar Rosululloh Saw. Tatacara Wudhu sareung Sholat.

 تَعْلِيمُ جِبْرِيلَ الرّسُولَ صَلّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلّمَ الْوُضُوءَ وَالصّلَاةَ ( فصل الأوّل )
( Pasal ka-1 ) Malaikat Jibril as. ngajar Rosululloh Saw. Tatacara Wudhu sareung Sholat.


قَالَ ابْنُ إسْحَاقَ : وَحَدّثَنِي بَعْضُ أَهْلِ الْعِلْمِ أَنّ الصّلَاةَ حِينَ اُفْتُرِضَتْ عَلَى رَسُولِ اللّهِ صَلّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلّمَ أَتَاهُ جِبْرِيلُ وَهُوَ بِأَعْلَى مَكّةَ ، فَهَمَزَ لَهُ بِعَقِبِهِ فِي نَاحِيَةِ الْوَادِي ، فَانْفَجَرَتْ مِنْهُ عَيْنٌ فَتَوَضّأَ جِبْرِيلُ عَلَيْهِ السّلَامُ ، وَرَسُولُ اللّهِ صَلّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلّمَ يَنْظُرُ إلَيْهِ لِيُرِيَهُ كَيْفَ الطّهُورُ لِلصّلَاةِ ثُمّ تَوَضّأَ رَسُولُ اللّهِ صَلّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلّمَ كَمَا رَأَى جِبْرِيلَ تَوَضّأَ ثُمّ قَامَ بِهِ جِبْرِيلُ فَصَلّى بِهِ وَصَلّى رَسُولُ اللّهِ صَلّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلّمَ بِصَلَاتِهِ ثُمّ انْصَرَفَ جِبْرِيلُ صَلّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلّمَ

Parantos nyarios Ibnu Ishaq , parantos sasanggeum ka kaula sapalih jalmi anu ngagaduhan elmu ( ahli elmu ),” nalika pikeun ngawitan pisan sholat diwajibkeun ka Rosululloh Saw.,Malaikat jibril dongkap ka Manteuna Saw.  Anu nalika eta nuju aya diluhur gunung  Makkah. Malaikat jibril maparin isyarat ka Rosululloh Saw. Kalawan  keuneungna dilengkob sareung tina eta lengkob manceur mata cai. lajeung malaikat Jibril as. wudhu –sedeungkeun Rosululloh Saw. Ningalikeun-Na – pikeun ningalikeun ka manteunna Saw. cara susuci pikeun sholat , lajeung manteunna wudhu sapertos malaikat Jibril as. wudhu. lajeung malaikat Jibril ngadeug sareung sholat, sareung Rosululloh Saw.sholat sapertos sholat-Na malaikat Jibril as., saparantos eta, malaikat Jibril as. Malengos ti payuneun Rosululloh Saw.

Rosululloh Saw. ngajar Sayyidah Khodijah tatacara Wudhu sareung Sholat.

تَعْلِيمُ الرّسُولِ صَلّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلّمَ خَدِيجَةَ الْوُضُوءَ وَالصّلَاةَ ( فصل الثانى )
( Pasal ka-2 ) Rosululloh Saw. ngajar Sayyidah Khodijah tatacara Wudhu sareung Sholat.


قَالَ ابْنُ إسْحَاقَ : فَجَاءَ رَسُولُ اللّهِ صَلّى اللّه عَلَيْهِ وَسَلّمَ خَدِيجَةَ ، فَتَوَضّأَ لَهَا لِيُرِيَهَا كَيْفَ الطّهُورُ لِلصّلَاةِ كَمَا أَرَاهُ جِبْرِيلُ فَتَوَضّأَتْ كَمَا تَوَضّأَ لَهَا رَسُولُ اللّهِ عَلَيْهِ الصّلَاةُ وَالسّلَامُ ثُمّ صَلّى بِهَا رَسُولُ اللّهِ عَلَيْهِ الصّلَاةُ وَالسّلَامُ كَمَا صَلّى بِهِ جِبْرِيلُ فَصَلّتْ بِصَلَاتِهِ .


Parantos nyarios Ibnu Ishaq ,” lajeung Rosululloh Saw. Neupangan sayyidah Khodijah sareung wudhu pikeun nembongkeun ka sayyidah Khodijah tatacara susuci pikeun sholat sapertos ditingalikeunna malaikat Jibril as. Ka manteunna saw. sayyidah Khodijah oge wudhu sapertos Rosululloh Saw. wudhu pikeun dirina. Sateurasna Rosululloh Saw. Sholat sepertos malaikat Jibril as. sholat reujeung manteunna Saw., sareung sayyidah Khodijah sholat sapertos sholat manteunna Saw.

Dina mimitina sholat diwajibkeun dua roka`at tuluy ditambah

 اُفْتُرِضَتْ الصّلَاةُ رَكْعَتَيْنِ رَكْعَتَيْنِ ثُمّ زِيدَتْ ( فصل الثالث )
( Pasal ka-3 ) Dina mimitina sholat diwajibkeun dua roka`at tuluy ditambah


قَالَ ابْنُ إسْحَاقَ : وَحَدّثَنِي صَالِحُ بْنُ كَيْسَانَ عَنْ عُرْوَةَ بْنِ الزّبَيْرِ ، عَنْ عَائِشَةَ رَضِيَ اللّهُ عَنْهَا قَالَتْ اُفْتُرِضَتْ الصّلَاةُ عَلَى رَسُولِ اللّهِ صَلّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلّمَ أَوّلَ مَا اُفْتُرِضَتْ عَلَيْهِ رَكْعَتَيْنِ رَكْعَتَيْنِ كُلّ صَلَاةٍ ثُمّ إنّ اللّهَ تَعَالَى أَتَمّهَا فِي الْحَضَرِ أَرْبَعًا ، وَأَقَرّهَا فِي السّفَرِ عَلَى فَرْضِهَا الْأَوّلِ رَكْعَتَيْنِ

Parantos nyarios Ibnu Ishaq , parantos sasanggeum ka kaula sholih bin kaisan ti urwah bin Az-Zubair ti sitti A`isyah Ra. Maka ngadawuh sitti A`isyah :
Pikeun Ngawitan pisan ,Sholat diwajibkeun ka Rosululloh Saw. Dua roka`at pikeun saban sholat, lajeung Alloh Ta`alla nyampurnakeunna kalawan ngajanteunkeun eta sholat opat roka`at pikeun jalmi mukim sareung neteupkeunna sapertos mimiti ( nyaeta dua rakaat ) pikeun musafir ( qashar ).

Malaikat Jibril nangtukeun pirang-pirang waktu Sholat ka Rosululloh Saw.

 تَعْيِينُ جِبْرِيلَ أَوْقَاتَ الصّلَاةِ لِلرّسُولِ صَلّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلّمَ ( فصل الرابع )
( Pasal ka-4 ) Malaikat Jibril nangtukeun pirang-pirang waktu Sholat ka Rosululloh Saw.


قَالَ ابْنُ إسْحَاقَ : وَحَدّثَنِي عُتْبَةُ بْنُ مُسْلِمٍ مَوْلَى بَنِي تَمِيمٍ عَنْ نَافِعِ بْنِ جُبَيْرِ بْنِ مُطْعِمٍ ، وَكَانَ نَافِعُ كَثِيرَ الرّوَايَةِ عَنْ ابْنِ عَبّاسٍ قَالَ

Parantos nyarios Ibnu Ishaq ra., tos sasanggeum ka kaula utbah bin muslim mantan abid bani tamim, ka tampi ti nafi bin jubair bin muth`im – sareung bukti ieu imam nafi` eta anu seueur pisan ngariwayatkeun hadits ti ibnu abbas – mangka sasanggeum Imam Nafi`  :

 لَمّا اُفْتُرِضَتْ الصّلَاةُ عَلَى رَسُولِ اللّهِ صَلّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلّمَ أَتَاهُ جِبْرِيلُ عَلَيْهِ السّلَامُ ، فَصَلّى بِهِ الظّهْرَ حِينَ مَالَتْ الشّمْسُ
“ nalika  sholat diwajibkeun ka Rosululloh Saw. Manteunna didongkapan malaikat Jibril as, lajeung malaikat Jibril as. midameul sholat Zhuhur reujeung Manteunna Saw. nalika panonpoe doyong  ka kulon,
ثُمّ صَلّى بِهِ الْعَصْرَ حِينَ كَانَ ظِلّهُ مِثْلَهُ
lajeung malaikat Jibril as. midameul sholat A`shar reujeung Manteunna Saw.  Nalika kalangkang benda sarua pisan rejeung benda-na,
ثُمّ صَلّى بِهِ الْمَغْرِبَ حِين غَابَتْ الشّمْسُ
lajeung malaikat Jibril as. midameul sholat Maghrib reujeung Manteunna Saw. Nalika panonpoe parantos surup,
ثُمّ صَلّى بِهِ الْعِشَاءَ الْآخِرَةَ حِين ذَهَبَ الشّفَقُ
lajeung malaikat Jibril as. midameul sholat I`sya` reujeung Manteunna Saw. Nalika cahaya beureum panonpoe parantos surup tos ngaleungit,
ثُمّ صَلّى بِهِ الصّبْحَ حِينَ طَلَعَ الْفَجْرُ
lajeung malaikat Jibril as. midameul sholat Shubuh reujeung Manteunna Saw. Nalika meletek fajar

ثُمّ جَاءَهُ فَصَلّى بِهِ الظّهْرَ مِنْ غَدٍ حِينَ كَانَ ظِلّهُ مِثْلَهُ
enjingna, malaikat jibril dongkap deui ka Manteunna saw. Lajeung midameul sholat Zhuhur reujeung Manteunna Saw. Nalika kalangkang sarua pisan kawas diri-Na, lajeung
ثُمّ صَلّى بِهِ الْعَصْرَ حِينَ كَانَ ظِلّهُ مِثْلِيّهُ
malaikat Jibril as. midameul sholat A`shar sarta manteunna saw. Nalika kalangkang hiji jalma dua kali leuwih panjang,
ثُمّ صَلّى بِهِ الْمَغْرِبَ حِين غَابَتْ الشّمْسُ لِوَقْتِهَا بِالْأَمْسِ
lajeung malaikat Jibril as. midameul sholat Maghrib reujeung Manteunna Saw. Nalika panonpoe parantos surup sami sareung kamari,
 ثُمّ صَلّى بِهِ الْعِشَاءَ الْآخِرَةَ حِينَ ذَهَبَ ثُلُثُ اللّيْلِ الْأَوّلُ
lajeung malaikat Jibril as. midameul sholat I`sya reujeung Manteunna Saw.  Saparantos sapertilu peuting anu kahiji kaliwat
ثُمّ صَلّى بِهِ الصّبْحَ مُسْفِرًا غَيْرَ مُشْرِقٍ
lajeung malaikat Jibril as. midameul sholat Shubuh reujeung Manteunna Saw. Nalika fajar can meletek,
 ثُمّ قَالَ يَا مُحَمّدُ الصّلَاةُ فِيمَا بَيْنَ صَلَاتِك الْيَوْمَ وَصَلَاتِك بِالْأَمْسِ
saparantos eta, malaikat jibril ngadawuh, hei Muhammad waktu sholat nyaeta pertengahan di antara sholat anjeun poe ieu sareung sholat anjeun anu kamari.

Disampurnakeuna pirang-pirang sholat anu lima waktu

( فصل الخامس ) يُكْمَلُ الصَّلَوَاتُ الْخَمْسَة
( Pasal ka-5 ) Disampurnakeuna pirang-pirang sholat anu lima waktu

كما قال الله تعالى المذكورُ فى سورة الإسراء بآية الأولى :
Sakumaha Pidawuh Alloh Swt. Anu tercantum dina surat Al-Israa ayat kahiji, anu unggeul-na :
سُبْحَانَ الَّذِي أَسْرَى بِعَبْدِهِ لَيْلاً مِّنَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ إِلَى الْمَسْجِدِ الأَقْصَى الَّذِي بَارَكْنَا حَوْلَهُ لِنُرِيَهُ مِنْ آيَاتِنَا إِنَّهُ هُوَ السَّمِيعُ البَصِيرُ ﴿١﴾

" Maha suci Alloh Swt. Anu parantos ngaleumpangkeun ka abdi-Na dina waktu peuting ti mimiti Masjidil Harom nepi ka masjidil Aqsho anu ngabeurkahkeun Kaula anu Agung ( Alloh Swt. ) dina kenca katuhuna pikeun nembongkeun kaula anu Agung ka eta abdi ( nyatana kangjeung nabi Muhammad Saw. ) tina cirri-ciri kakawasaan kaula, saestuna Ari Alloh swt. Eta anu Maha Ngarungu tur anu Maha Uninga."
وَ عَنْ آنَسِ بْنِ مَالِكِ رَضِىَ اللهُ عَنْهُ قَالَ : فُرِضَتِ الصَّلَاةُ عَلَى النَّبِىِّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ لَيْلَةَ أُسْرِىَ بِهِ خَمْسِيْنَ ثُمَّ نُقِصَتْ حَتَّى جُعِلَتْ خَمْسًا ثُمَّ نُوْدِيَ يَا مُحَمَّدُ إِنَّهُ لَايُبْدَلُ اْلقَوْلُ لَدَيَّ وَإِنَّ لَكَ بِهَذِهِ اْلخَمْسِ خَمْسِيْنَ ( رَوَاهُ أَحْمَدُ وَالنَّسَائِىُّ وَالتِّرْمِذِىُّ وَصَحَّحَهُ )
Sareung katampi ti Anas bin Malik ra. “Parantos difardhukeun ka Nabi SAW sholat dina wengian Manteunna Saw. diisra`kan kalawan 50 kali sholat. Lajeung dikirangan dugika kantun 5 kali sholat. Lajeung digerokeun, “Hei Muhammad, eta dawuhan moal rek digantikeun, sareung  kalawan 5 kali sholat ieu eta sarua pikeun anjeun reujeung 50 kali sholat.”( Parantos ngariwayatkeun kana eta hadits Imam Ahmad, Imam An-Nasai sareung dishohihkeun ku Imam At-Tirmizy)

Bantahan Alloh ka kaum anu ingkar kana mi`raj Nabi Saw

( فصل السادس ) إعترض الله تعالى لقوم المنكر على المعرج النبى صلى الله عليه وسلم
( Pasal ka- 6 ) Bantahan Alloh ka kaum anu ingkar kana mi`raj Nabi Saw:
كما فوله تعالى :

وَالنَّجْمِ إِذَا هَوَى ﴿١﴾
مَا ضَلَّ صَاحِبُكُمْ وَمَا غَوَى ﴿٢﴾
وَمَا يَنطِقُ عَنِ الْهَوَى ﴿٣﴾
إِنْ هُوَ إِلَّا وَحْيٌ يُوحَى ﴿٤﴾
Sakumaha pidawuh-Na Swt. :
1.Demi bentang nalika surup
2.Shobat anjeun ( Muhammad Saw. ) hanteu sasar sareung hanteu oge saliru
3.Sareung hanteu aya sanes anu didawuhkeunnana eta  ( Al-Qur`an ) numutkeun kahoyong hawa nafsu-Na
4.Dawuhan-Nana teu aya sanes mung Wahyu anu diwahyukeun
( Q.S. An-Najm 53 ayat 1- 4 )
وكماقال أبو بكر الصدّيق رضى الله عنه :
sareung sakumaha pidawuh sayyiduna Abu bakar Shidiq ra. :
إن كان قال لقد صدق
“upami manteunna saw. ngadawuh yaqin leureus manteunna Saw.”
وقال رضى الله عنه
sareung parantos ngadawuh sayyiduna abu bakar shidiq ra. :
إنّى لأصدّقه على أبعد من ذلك
“ Saestuna Kaula yaqin ngabeuneurkeun ka Manteunna saw. kana Isro Mi`roj-Na langkung teubih tinimbang ka Masjidil aqshaa  .”

Sababna Mi`roj

( فصل السابع )
فى بيان الأسباب المعراج
( Pasal ka- 7  ) dina mertelakeun pirang-pirang Sababna Mi`roj
وأمّا سبب المعراج فهو أنّ الأرض إفتخرت على السماء
Anapon ari Sababna Mi`roj nyaeta kana saestuna bumi eta kumuluhur ka langit,
فقالت الأرض أنا خير منك لأنّالله تعالى زيننى بالبلاد والبحار والأنهار والأشجار والجبال وغيرها
Mangkan ngomong eta bumi : “ ari kaula eta leuwih alus tinimbang anjeun sabab kana saestuna Alloh Swt. Eta tos ngagindingan ka kaula ku pirang-pirang nagara, pirang-pirang lautan, pirang-pirang wahangan, pirang-pirang tatangkalan, pirang-pirang gunung  jeung lian ti eta.
فقالت السماء أنا خير منك لأنا الشمس والقمر والكواكب والأفلاك والبروج والعرش والكسىّ والجنّة فىّ
Mangka nimbalan langit  : ““ ari kaula eta leuwih alus tinimbang anjeun sabab kana saestuna panonpoe, bulan, bentang-bentang, orbit-orbit bentang, planet-planet, A`rasy, kursi, sareung surga eta aya dikaula.
وقالت الأرض أيضا فىّ بيت يزوره ويطوف  به الأنبياء والمرسلون والعلماء والحكماء والكبراء والمؤمنون عامّة
jeung nembal deui bumi : “ eta tetep di kaula eta aya baetullah anu ziaroh jalmi-jalmi ka baetullah sareung thowaf di baetullah para Nabi, para rosul, para U`lama, para Hukama, para Kubaro, sareung pirang-pirang jalma anu ariman sadayana.
وقالت السماء أيضا فىّ البيت المعمور يطوف به الملائكة السماوات وفىّ الجنّة التى هى مأوى أرواح الأنبياء والمرسلون والعلماء العاملين والحكماء والكبراء والصالحين

Mangka nembal deui langit : “eta tetep di kaula eta aya baetul ma`mur anu thowaf di baetul ma`mur para malaikat anu aya di langit jeung tetep di kaula aya surga anu eta surga teh tempat  prang-pirang ruh para nabi, para rasul, para U`lama anu amal kana elmuna, para Hukama, para Kubaro sareung pirang-pirang jalma anu sholih.
وقالت الأرض أيضا إنّ سيّد المرسلين وخاتم النبيّين وحبيب ربّ العالمين وأفضل الموجودات عليه أكمل التحيات وطن فىّ وأجرى شريعته علىّ

sareung nembal deui  bumi  :” saestuna panghuluna  para Rosul, panutup para Nabi, Kakasih Pangeran sadaya alam sareung pangutami-utamina pirang-pirang anu aya  di panghuluna para Rosul anu pang sampurnana panghurmatan anu tetep ka manteuna eta aya di kaula sareung ngajalankeun manteuna kana Syareat-Na diluhureun ( tonggong ) kaula.
فلمّا سمعت السماء هذا عجزت وشكنت على الجواب وتوجّهت إلى الله تعالى فقالت
mangka tetkala ngarungu langit kana ieu Panghuluna para Rosul mangka apeus langit sareung ngabeuteum langit tina ngawaleur tur madeup langit ka Alloh Swt. Teuras ngadoa langit :
إلهى انت تجيب المضطر إذا دعاك وأنا عجزت عن جواب الأرض فأسألك أن تصعد محمّد إلىّ فأتشرّف به الأرض
“ Hei Pangeran Abdi  ari Gusti eta nyubadanan ka anu madhorot dimana mana ngadoa ka Gusti jeung ari abdi eta apeus ( lemah ) abdi  tina waleuran bumi , mangka nyuhunkeun abdi ka Gusti yen supaya ngangkatkeun Gusti ka Nabi Muhammad Saw. Ka abdi, mangka bakal ngamulyakeun abdi kamanteuna cara ngamulyakeunnana bumi kana kaalusan manteunna saw. Sareung ngarasa taluk bumi ku manteunna Saw. 
فأجاب الله دعوتها واوحى الله تعالى إلى جبريل عليه الصلاة والسلام فى الليلة السابعة والعشرين من رجب
mangka nyubadanan Alloh Swt.  Kana doana langit , sareung maparin wahyu ka malaikat Jibril as. Dina wengian ka 27 tina sasih Rojab .
ثمّ قال الله تعالى : ياجبريل إِحْمَلْ إلىّ  إسم محمّد صلى الله عليه وسلم فى هذه الأرض ، واذهب مع ميكائيل إلى الجنة وخذ برقا لمركوبات محمّد صلى الله عليه وسلم ، فذهب جبريل مع ميكائيل

Lajeung ngadawuh Allah Swt. : Hei Jibril, kudu mawa anjeun ka kaula kanu ngaran Muhammad disaluhureun tonggong bumi ieu , jeung kudu indit anjeun sarta Mikail ka surga, sarta kudu mawa anjeun kana buraq pikeun  kandaraan  Muhammad!!! maka indit jibril sarta mikail
 فوصل فى رياض الجنّة إذ رآى جبريل و ميكائيل أربعين الف براق يرتعون
Saparantos dugi dileubeut patamanan surga ujug-ujug ninggal jibril sareung mikail kana 40.000 buraq anu keur dalahar ( di salin dari kitab Duroh )
ورآى هما عليهم براقا منكسا رأسه يبكى وتسيل من عينيه الدموع
tur ninggal duanana kana 40.000 buroq kana hiji buroq anu nungkulkeun kana sirahna barina ceurik jeung ngocor tina dua panonna cai panon
فقال جبريل مالك يا براق ؟
Mangka Naros malaikat Jibril as. : Kunaon anjeun hei buroq ?
قال ياجبريل إنّى سمعت منذ أربعين الف سنة إسم محمّد فوقع فى قلبى محبة صاحب هذا الإسم وعشقته ، وبعد ذلك لم أجتج إلى طعام ولا شراب واحترقت  بنار العشق

ngawaleur buroq : “ Hei malaikat Jibril as, saestuna kaula eta ngarungu kaula ti mimiti 40.000 taun kana jeuneungan Muhammad Saw. mangka tumiba dina jero hate kaula mikareuseup kanu bogana ieu jeneungan sareung ka pellet kaula ku manteunna sareung saparantos eta waktu kaula teh hanteu butuh kana inuman sareung kaduruk kaula ku panasna bangeut sono
فقال جبريل أنا أوصلك بمعشوقك
Mangka nimbalan malaikat Jibril as. : “ kaula bakal neupungkeun ka anjeun kanu dipikahayang ku anjeun
ثم أسرجه وألجمه ثم ذهب مع ميكائيل بحمله إلى النبى صلى الله عليه وسلم
Lajeung nyeulaan malaikat Jibril as. Kana buroq jeung ngandaliannana lajeung angkat jibril sarta mikail kalawan mawa buroq ka kangjeung Nabi saw.

Sifat Buroq

( فصل الثامن )
فى بيان الصفة البراق
( Pasal ka- 8  ) dina mertelakeun Sifat Buroq

له جناحان فى فخديه يطير بهما بين السماء والأرض ووجهه كوجه الإنسان فى جبهته إسم محمّد
Eta tetep pikeun Buroq eta ngagaduhan 2 jangjang dina dua pingpingna anu hibeur kalawan 2 jangjangna antara langit jeung bumi, ari rarayna eta sapertos raray Jalmi dina tarangna aya jeuneungan Nabi Muhammad Saw. ( di salin dari kitab Duroh )
  ولسانه كلسان العرب واضح الحاجبين ضخم القرنين رقيق الأذنين وهما من زبرجدة خضراء أسود العينين
Ari lisanna sapertos lisanna orang arab, tembong eces dua halisna , geude dua tandukna, ipis dua ceupilna, sareung ari dua ceupilna didameul tina zambrut hejo, hideung dua panonna,
ويقال كالكوكب الدرى وناصيته من ياقوتة حمراء ذنبه كذنب البقر مكلّل بالذهب الأحمر
Jeung diomongkeun saperti bentang anu hurung, ari jambulna eta tina yaqut hejo, ari buntutna eta saperti buntut sapi anu ditaretes kalawan emas beureum.( Kitab daqoiq )
وعرفه كعرف الفرس وقوائمه كقوائم الإبل وأظلافه كأظلاف البقر وظهره كأنّه درّة بيضاء عليه رحل من رحال الجنة
Ari susurina eta sapertos susuri kuda, ari pirang-pirang sukuna eta sapertos pirang-pirang suku onta, ari cekerna eta sapertos ceker sapi, ari tonggongna kaya-kaya berlian anu bodas dina luhur tonggongna make gigindingan tina pirang-pirang gigindingan surga
 ويقال هو فى الحسن كالطاوس فوق الحمار ودون البغل وإنما سمى البراق براق لأن سيره وسرعته كالبرق

Diomongkeun ari eta buroq dina endahna sapertos manuk merak saluhureun himar sahandapeun bigol ( kuda kacang ). Jeung pastina dingaranan buroq kalawan buroq sabab leumpangna jeung gancangna eta saperti kilat ( Daqoiq )

SYARAT SAHNA SHOLAT

فصل) فى بيان شرائط صحّة الصلاة
Ari ieu eta hiji fasal halna tetep dina mertelakeun pirang-pirang Syarat sahna migawe sholat
فالشروط جمع شرط وهو لغة العلامة وشرعا ما يلزم من عدمه عدم الصحّة وليس بركن
Maka ari lafadz Syuruuthun eta jama` taktsir tina lafadz Syurthun , jeung ari ngaran Syarat mungguh Lughot eta kadar-kadar ciri jeung ari ngaran Syarat mungguh Syara` eta perkara anu misti tina euweuhna eta perkara naon hanteu sahna jeung lain eta syarat eta rukun.
إعلم أنّ الشروط الصلاة ثانية عشر شرطا : الأوّل الإسلام ، والثاني العقـل ، والثالث البلوغ ، والرابع ستر العورة ، والخامس الوقوف على مكان طاهر ، والسادس طهارة الحدثين أى من الحدث الأكبر أو الأصغرعند القدرة ، والسابع الطهارة عن النجاسة فى الثوب والبدن والمكان ، والثامن معرفة دخول الوقت يقينا أو ظنّا ، والتاسع إستقبال القبلة ، والعاشر العلم بفريضتها ، والحادي عشر أن لايعتقد فرضا من فروضها سنة ، والثاني عشر اجتناب المبطلات كتطويل ركن قصير عمدا
Kanyahokeun ku anjeun kana saestuna pirang-pirang Syarat Sholat eta aya 12 syarat :
1. Islam
2. Boga Akal
3. Balegh
4. Nutupan orat
5. Cicing dina tempat anu suci
6. Suci tina dua hadats ( tegesna suci tina hadats geude
atawa leutik nalika kawasa nyucikeunnana )
7. Suci tina najis dina pakean, badan jeung tempat
sholatna
8. Nganyahokeun asupna waktu halna yaqin atawa zhon
9. Nanghareup ka Qiblat
10.Nyaho kana kafardhuannana sholat
11.Yen ulah nekadkeun si jalma kana fardhu anu tetep tina pirang-pirang
fardhuna sholat kana sunat ( tegesna bisa ngabedakeun mana rukun
jeung mana sunnatna sholat )
12. Ngajauhan kana pirang-pirang anu matak ngabatalkeun kana sholat
saperti manjangkeun rukun anu pondok halna ngahaja.

PRANG-PIRANG RUKUN SHOLAT

فصل ) فى بيان أركان صحّة الصلاة

Ari ieu eta hiji fasal halna tetep dina mertelakeun pirang-pirang Rukun sahna migawe sholat
والأركان جمع ركن وهو عرفا ما تتوقــّـف عليه صحّة الشيئ وهو جزء منه
Jeung ari lafadz Arkanun eta jama taktsir tina lafadz ruknun, jeung ari ngaran rukun mungguh adat eta perkara anu tawaquf kana eta perkara naon sahna hiji perkara bari ari eta perkara eta hiji juz tina eta perkara.
إعلم أنّ الأركان الصلاة ثمانية عشر ركنا : الأوّل القيام على القادر في الفرض ، والثاني النّـيّة فى القلب ، والثالث تكبيرة الإحرام ، والرابع قراءة الفاتحة و بسم الله الرحمان الرحيم آية منها ، والخامس الركوع ، والسادس الطمأنينة فية ، والسابع الإعتدال ، والثامن الطمأنينة فيه ، والتاسع السجود مرّتين فى كلّ ركعة ، والعاشر الطمأنينة فية ، والحادي عشر الجلوس بين السجدتين ، والثاني عشر الطمأنينة فية ، والثالث عشر الجلوس الأخير ، والرابع عشر التشهّد فيه ، والخامس عشر : الصلاة على النبي صلى الله عليه وسلم فيه ، والسادس عشر التسليمة الأولى ، والسابع عشر نيّة الخروج من الصلاة ، والثامن عشر ترتيب الأركان على هذا الوجه المذكور .
Kanyahokeun ku anjeun kana saestuna pirang-pirang Rukun Sholat eta aya 18 rukun :
1. Nangtung kajalma anu kawasa dina sholat Fardhu
2. Niat dijero hate
3. Takbir ngaharamkeun kana anu halal
4. Maca Al- Fatihah jeung ari lafazd Basmallah eta saayat tina sapalihna surat Al-Fatihah
5. Ruku`
6. Cicing sakeudeung dina ruku`
7. I`tidal
8. Cicing sakeudeung dina I`tidal
9. Sujud kalawan dua kali dina saban-saban roka`at
10. Cicing sakeudeung dina eta sujud
11. Diuk diantara dua kali sujud
12. Cicing sakeudeung dina diuk diantara dua kali sujud
13. Diuk anu akhir
14. Maca Tahiyyat akhir dina eta diuk anu akhir
15. Maca Sholawat ka Nabi Saw. Dina diuk anu akhir
16. Aweh salam anu kahiji ( kakatuhu )
17. Niat kaluar ( beres ) tina sholat
18. Nartibkeun pirang-pirang rukun neteupan kana ieu wajah anu ditutur.

SUNAT AB`AD

فصل) فى بيان أبعاض الصلاة
Ari ieu eta hiji fasal halna tetep dina mertelakeun pirang-pirang Sunat Ab`adna migawe sholat
وأمّا الأبعاض هي الأفعال المسنونة فى الصلاة ومن ترك شيئا من الأبعاض عمدا او سهوا فالسّنّة له أن يسجد للسهو وسجود السهو سنّة ومحلـّه قبل السلام عند الشافعى والحنبلى وعند الحنفى والمالك وهو بعد السلام
Anapon ari ngaran Sunat Ab`ad nyaeta pirang-pirang pagawean anu disunatkeun di jero sholat, jeung saha-saha jalma anu ninggalkeun eta jalma kana hiji perkara tina sapalihna sunat ab`ad halna ngahaja atawa poho maka ari sunatna ka itu jalma eta yen sujud jalma kana sujud sahwi ( karana poho ). Jeung ari sujud sahwi eta sunnah hukumna jeung ari tempatna sujud sahwi eta dina samemeh aweh salam numutkeun imam syafi`i sareung imam hambali sedengkeun numutkeun imam abi hanifah sareung imam maliki eta sa atos aweh salam.
إعلم أنّ الأبعاض الصلاة بالإجمال ثمانية : الأوّل القيام للقنوت ، والثاني القنوت ، والثالث الصلاة على النبي صلى الله عليه وسلم فيه ، والرابع الصلاة على آله صلى الله عليه وسلم فيه ، والخامس القعود للتشهد الأول ، والسادس التشهد الأول ، والسابع الصلاة على النبي صلى الله عليه وسلم فيه ، والثامن الصلاة على آله صلى الله علي وسلم في تشهد الأخر
Kanyahokeun ku anjeun kana saestuna Sunat Ab`ad sholat sacara ringkeus ( ijmal ) eta aya 8 :
1. Nangtung pikeun qunut
2. Maca doa qunut
3. Maca sholawat ka kangjeung Nabi Muhammad Saw.
dijero qunut
4. Maca sholawat ka kulawargi Kangjeung Nabi Saw.
dijero qunut
5. Diuk pikeun tahiyyat awal
6. Maca tahiyyat awal
7. Maca sholawat ka kangjeung Nabi Muhammad Saw.
dijero tahiyyat awal
8. Maca sholawat ka kulawargi Kangjeung Nabi Saw. Dina tahiyyat akhir

وأمّا بالتفصيل فهي عشرون ففي القنوت منها أربعة عشر وهي الأوّل القيام للقنوت ، والثاني القنوت ، والثالث الصلاة على النبي ، والرابع القيام فيه ، والخامس السلام على النبي ، والسادس القيام فيه ، والسابع الصلاة على الآل النبي ، والثامن القيام فيه ، والتاسع السلام على الآل النبي ، والعاشر القيام فيه ، والحادي عشر الصلاة على الصحب النبي ، والثاني عشر القيام فيه ، والثالث عشر السلام على الصحب النبي ، والرابع عشر القيام فيه
Anapon Sacara rinci ( tafsil ) na maka ari sunat ab`ad eta aya 20 :
Maka eta tetep dina qunut tina anu 20 ari 14 ab`ad nyaeta :
1. Nangtung pikeun Qunut
2. Maca doa Qunut
3. Maca Sholawat ka kangjeung Nabi Muhammad Saw.
4. Nangtung dina maca Sholawat ka kangjeung Nabi Saw.
5. Maca Salam ka kangjeung Nabi Muhammad Saw.
6. Nangtung dina maca Salam ka kangjeung Nabi Saw.
7.Maca sholawat ka wargina Nabi Saw.
8. Nangtung dina maca sholawat ka wargina Nabi Saw.
9. Maca salam ka wargina Nabi Saw.
10. Nangtung dina maca salam ka wargina Nabi Saw.
11. Maca sholawat ka shohabat Nabi Saw.
12. Nangtung dina maca sholawat ka shohabat Nabi Saw.
13. Maca salam ka shohabat Nabi Saw.
14. Nangtung dina maca salam ka shohabat Nabi Saw.
وفى التشهّد ستة وهي : الأوّل القعود للتشهد الأول ، والثاني التشهد الأول ، والثالث الصلاة على النبي فيه ، والرابع القعود فيه ، والخامس الصلاة على الآل النبي في تشهد الأخر ، والسادس القعود فيه

Jeung eta tetep dina Tahiyyat awal ari 6 ab`ad nyaeta :
1. Diuk pikeun tahiyyat awal
2. Maca tahiyyat awal
3. Maca Sholawat ka kangjeung Nabi dina tahiyyat awal
4. Diuk dina maca sholawat ka kangjeung Nabi Saw.
5. Maca Sholawat ka wargina Nabi Saw. Dina tahiyyat akhir
6. Diuk dina maca sholawat ka wargina Nabi Saw. Dina
tahiyyat akhir

SUNAT HAIAT

(فصل) فى بيان هيئات الصلاة
Ari ieu eta hiji fasal halna tetep dina mertelakeun pirang-pirang Sunat Haiat na migawe sholat

وأمّا الهيئات هي الأمور المسنونة غيرالأبعاض ومن ترك شيئا من الهيئات عمدا او سهوا لايسجد لها فلو سجد لتركها متعمّدا للسّجود بطلت صلاته إلاّ إن كان جاهلا معذورا بجهله أو بحديده بدخول الإسلام أو نشئه بعيدا عن العلماء

Anapon ari ngaran Sunat Haiat nyaeta pirang-pirang perkara anu disunatkeun anu salian sunat ab`ad, jeung saha-saha jalma anu ninggalkeun eta jalma kana hiji perkara tina sapalihna sunat Haiat halna ngahaja atawa poho maka hanteu kudu sujud sahwi eta jalma pikeun eta sunat haiat , maka lamun sujud sahwi eta jalma karana ninggalkeun sunat haiat halna ngahaja kana sujud sahwi maka batal sholatna, kajaba lamun bukti eta jalma eta anu bodo anu dihampura kalawan sabab kabodoanna eta jalma atawa kalawan sabab anyarna itu jalma kana asup islam atawa hirup itu jalma halna jauh ti u`lama.

إعلم أنّ الهيئات الصلاة عشرون: الأوّل يسن رفع اليدين عند تكبيرة الإحرام إلى حذو منكبيه
Kanyahokeun ku anjeun kana saestuna pirang-pirang Sunat Haiat Sholat eta aya 20 :
1.Disunatkeun ngangkat dua lengeun dina nalika takbirotul ihrom nepika meneran ( palebahan ) dua taktakna musholli

، والثاني رفع اليدين عند الركوع
والثالث رفع اليدين عند الإعتدال ،
والرابع رفع اليدين عند القيام من التشهد الأول ،
2. Ngangkat dua lengeun dina nalika ruku`
3. Ngangkat dua lengeun dina nalika I`tidal
4. Ngangkat dua lengeun dina nalika nangtung tina tahiyyat awal

والخامس وضع اليمين على الشمال ويكونان تحت صدره وفوق سرّته ،
5. Nendeun leungeun katuhu luhureun leungeun kenca jeung aya dua lengeunna eta dihandapeun dadana jeung luhureun bujalna musholli.

والسادس التوجّه عقب التحرّم ،
والسابع الاستعاذة بعد التوجّه ،
6. maca doa iftitah dina saba`da takbirotul ihrom
7. maca taudz dina saba`da maca doa iftitah

والثامن الجهر في موضوعه كفى الصبح وأولتي المغرب والعشاء ،
والتاسع الإسرار في موضوعه كفي الظهر والعصر ،
8. Narikeun bacaan dina tempatna tarik saperti dina sholat shubuh, dua roka`at mimiti tina sholat maghrib jeung i`sya
9. Ngalaunkeun bacaan tina tempatna laun saperti dina sholat zhuhur jeung a`shar

والعاشر التأمين عقب الفاتحة
، والحادي عشر قراءة السورة بعد الفاتحة ،
10. Maca Aaaaaamiiiin dina saba`da maca fatihah
11. Maca kana surat dina saba`da maca fatihah

والثاني عشر التكبيرات عند الخفض للركوع والرفع من الركوع ،
12.pirang-pirang takbir intiqol nalika turun kana rek ruku` jeung cengkat tina ruku

والثالث عشر قول سمع الله لمن حمده حين يرفع رأسه من بعد الركوع
13. Maca lafadz Sami`allohu liman hamidah dina nalika nyengkatkeun musholli kana sirahna musholli tina tos ruku`

والرابع عشر قول ربنا لك الحمد إذا انتصب قائما ،
14. maca robbana lakal hamdu…dimana ngadeug mushollihalna ngadeg temenan
والخامس عشر التسبيح في الركوع كقول سبحان ربّي العظيم ثلاثا ،

15. maca tasbih dina ruku saperti ucapan subhaana robbiyal a`zhiiiim kalawan 3x maca
والسادس عشر التسبيح في السجود كقول سبحان ربّي الأعلى ثلاثا ،
16. maca tasbih dina waktu sujud saperti ucapan subhaana robbiyal a`laa kalawan 3x maca
والسابع عشر وضع اليدين على الفخذين في الجلوس للتشهّد الأوّل والأخير يبسط اليدّ اليسرى بحيث تسامت رؤسها الركبة ويقبض أصابع اليدّ اليمنى إلاّ المسبحة من اليمنى فلا يقبضها فإنه يشير بها رافعا لهاحال كونه متشهدا وذلك عند قوله : إلاّ الله ولا يحرّكها فإن حركها كرّه ولا تبطل صلاته فى الأصحّ
17. Nendeun 2 leungeun dina luhureun dua pingping dina waktu diuk karana rek tahiyyat awal jeung tahiyyat akhir, halna ngabeberkeun musholli kana lengeun ( ramonaramona ) anu kenca kalawan sakira-kira meneran naon pirang-pirang tungtung ramo lengeunna kana tuurna jeung ngepeulkeun musholli kana ramo-ramo lengeun anu katuhu kajaba ramo curuk halna tetep tina lengeun katuhuna maka ulah ngeupeulkeun musholli kana curuk maka saestuna musholli eta isyaroh ( nunjuk ) kueta curuk halna ngacungkeun kana curuk dina tingkah ayana musholli eta maca syahadat jeung ari eta isyaroh ( nunjuk ) nalika macana musholli kana lafadz “ ILLALLOH “ jeung ulah ngarobah-robah musholli kana curuk maka dimakruhkeun lamun ngarobah-robah musholli kana curuk jeung hanteu batal naon sholatna musholli ceuk wajah Ashoh.
والثامن عشر الافتراش في جميع الجلسات وهي أن يجلس الشخص على كعب اليسرى جاعلا ظهرها للأرض وينصب قدمه اليمنى ويضع بالأرض أطراف أصابعها لجهّة القبلة ،
18. diuk iftirosy dina sakabeh pirang-pirang tingkah diuk
Jeung ari ngaran diuk iftirosy eta yen diuk saha hiji jalma kana keneungna suku anu belah kenca bari ngajadikeun kana tonggongna suku anu belah kenca kana bumi jeung nangtungkeun musholli kana dampal sukuna musholli anu katuhu jeung neundeun musholli kana bumi kana tungtung pirang-pirang ramo sukuna anu katuhu kana jihat qiblat.
والتاسع عشر التورك في الجلسة الأخيرة وهي المصلّىُ يخرج يساره وينصب قدمه اليمنى ويضع بالأرض أطراف أصابعها لجهّة القبلة ،
19.diuk tawarruk dina tingkah diuk anu akhir
Jeung ari ngaran diuk tawarruk eta musholli ngaluarkeun musholli ( jalma anu sholat ) kana suku kencana musholli jeung nangtungkeun musholli kana dampal sukuna musholli anu katuhu jeung neundeun musholli kana bumi kana tungtung pirang-pirang ramo sukuna anu katuhu kana jihat qiblat
والعشرون التسليمة الثانية
20.aweh salam anu kadua

PIRANG-PIRANG MAKRUHNA SHOLAT

Sababaraha pagawean anu makruh dina sholat :
1. Ngasupkeun dua leungeun kajero baju nalika takbirotul ihrom, sujud jeung ruku` sabab bisa
ngeuweuhkeun kana handap asor ( kamakruhan ieu khusus pikeun lalaki )

2. Ngalieuk kalayan teu aya pangabutuh ( Hajat ) sabab dumasar kana hadits bukhori katampi ti sitti A`isyah ra. Kantos ngadawuh :
سَأَلْتُ رَسُوْلَ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ : عَنِ اْلإِلْتِفَاتِ فِى الصَّلَاةِ فَقَالَ هُوَ إِحْتِلَاسٌ يَحْتَلِسُهُ الشَّيْطَانُ مِنْ صَلَاةِ اْلعَبْدِ
“ Kaula tumaros ka rosululloh saw. Ngeunaan ngalieuk nalika sholat.
Rosululloh saw, ngawaleur : ngalieuk dina sholat ngandung harti jalma anu migawena geus
dicopet konsentrasina ku syetan.”
3. Mere isyarat anu mahamkeun kalayan hanteu aya hajat saperti isyarat kalayan soca, halis atawa
biwir sok sanajan jalma pireu, bahkan numutkeun sapalih u`lama isyarat kalayan halis atawa biwir bisa ngabatalkeun sholat . isyarat anu dihukuman makruh ieu lamun teu aya unsur heureuy, jadi lamun heureuy mangka sholatna batal , lain halna lamun aya hajat saperti ngawaleur salam maka isyarat anu samodel kitu hanteu di hukuman makruh.

4. Narikeun sora dina sholat anu sakuduna hanteu ditarikeun ( lalaunan ) atawa sabalikna jeung
atawa narikeun sora ditukangeun imam sabab sakabeh eta patojaiyah jeung sunnah Nabi Saw.

5. Melak cangkeng ( ikhtishor ) maksadna nyimpeun lengeun dina cangkeng sabab aya larangan dina hadits bukhori muslim

6. Gagancangan dina migawe sholat sabab hal eta bisa ngaleungitkeun kakhusyuan


7. Mereumkeun panon sabab pagawean urang yahudi

8. Neupungkeun 2 leungeun kana kekemplong nalika ruku`jeung sujud atawa nepungkeun beuteung kana 2 pingping nalika ruku` jeung sujud sabab patojaiyah rejeung sunnah Nabi saw.


9. Diuk Iq`a ( cingogo ) saperti cingogona gogog maksudna diuk kalayan 2 bujurna ( imbit ) sabari ngajeugkeun dua tuurna sabab aya larangan hadits anu diriwayatkeun ku imam Hakim.

10. Sujud saperti manuk gagak nalika macokan kadaharan maksadna nimpeun tarang di luhur tempat sholat nalika sujud kalayan gagancangan , hal eta bisa ngaleungitkeun khusyu`


11. Meberkeun leungeun sakumaha anu dilakonan ku sato galak, maksadna nyimpeun dua lengeun bagean handap di luhur bumi dina waktu sujud , sabab aya larangan hadits muslim

12. Nempatan hiji tempat salian imam di mihrobna


13. Leuleuwiheun dina nurunkeun sirah nalika ruku`

14. Ngalamikeun tahiyyat awwal


15. Nyimpeun bagean tengahna solendang ( rida ) dihandap punduk katuhu sedeungkeun dua tungtungna aya diluhur punduk anu kenca

16. Nyilangkeun ramo-ramo hartina ngasupkeun ramo-ramo leungeun katuhu di sela-sela ramo anu kenca


17. Nurunkeun sarung sahingga anteul kana bumi

18. Sholat sabari nahan kahampangan, ngising jeung hitut


19. Sholat nalika kadaharan disayagikeun atawa dideukeutna kadaharan anu dipikahayang

20. Hanteu maca surat dina 2 rokaat kahiji tina saban sholat


21. Hanteu ngucapkeun takbir intiqol ( takbir nalika pindah tina hiji rukun kana rukun anu sejen )

22. Hanteu maca dzikirna ruku` i`tidal, sujud jeung diuk diantara dua sujud


23. Ngaleuwihan wateus thumaninah nalika diuk istirahat

24. Ninggalkeun bacaan doa`doa anu aya dina tahiyyat akhir


25. Nyiduh ka jihat hareup atawa ka katuhu sok sanajan diluar sholat , tapi lamun hanteu nyanghareup kiblat jeung aya diluar sholat, mangka nyiduh ka jihat hareup hanteu makruh. Makruhna nyiduh ieu lamun diluar masjid, jeung lamun di jero masjid, mangka haram halna mutlaq. Cara nyiduh di jero masjid eta diciduhkeun kana bagean pakeanna

26. Ngagulungkeun leungeun baju atawa ngagulungkeun pakean.


27. Ngusap raray dina waktu sholat jeung saeunggeusna.

28. Sholat di tempat mandi sok sanajan dibagean tempat ngaleupaskeun pakean


29. Sholat di jalan, pasar, kuburan, ditempat sajenis kandang, gereja jeung nalika bangeut tunduh

( no. 1s/p 17 Thuhfatut thullab hal.25 no.18s/p29 Tanwirul Qulub hal.146-147 )

SYARAT DI TARIMANA SHOLAT

Ari ieu eta hiji pasal halna tetep dina mertelakeun syarat-syarat pikeun ditarimana sholat
Jeung disyaratkeun sarta perkara anu kaliwat ieu perkara halna teteup tina pirang-pirang syarat kana ditarimana sholat tegesna sholat mungguh Alloh anu maha suci Alloh Ta`alla sarta maha luhur Alloh Ta`alla naon yen neja musholli ku eta sholat
1. Ikhlas karana dzat Alloh Swt.
Tegesna dzatna Alloh halna sahiji ieu Alloh Ta`alla , lain karana kasengsrem dina ganjaran di surga jeung lain karana kabur tina siksana Alloh jeung sieun tina naraka balik karana ayana Alloh anu maha luhur eta Pangeran musholli jeung ari musholli eta abdina Alloh Ta`alla atawa yen neangan musholli kalawan sholat kana ganjaran jeung kana surga atawa sieun musholli tina disiksa ku naraka atawa yen hayang jadi mulya musholli ku itu sholat jeung cumantel musholli ka Alloh Ta`alla maka ari darajat anu kahiji eta pangluhurna pirang-pirang darajatna ikhlas. Jeung ari anu kadua atawa pertengahannana darajat jeung ari katiluna eta panghandapna darajat.maka eta satukangeunnana ka tilu ari riya jeung hayang kadenge kubatur.
2. yen aya kadaharannana musholli jeung anu dipakena ku musholli jeung tempat sholatna musholli eta kudu halal.
Sareung parantos ngadawuh Kangjeung Nabi Saw. :
“ Saha-saha jalma anu sholat ieu jalma dina hiji pakean kalawan harga 10 dirham jeung eta teteup dina 10 dirham ari sadirham anu teuteup tina barang anu haram maka moal ditarima itu jalma naon sholatna .” ( ngariwayatkeun kana hadits saha imam Ahmad )
Parantos ngadawuh saha Ibnu Mas`ud ra. :
“ Hanteu pati-pati kumpul naon halal jeung haram anging ngalindih /ngelehkeun naon anu haram kana halal.”
Tos ngadawuh saha Imam Sahal ra. :
“ Saha-saha jalma anu hanteu bukti naon kadaharannana itu musholli eta tina barang halal maka moal dibukakeun tina hatena itu jalma naon hahalangna jeung gancang ka eta jalma naon pirang-pirang siksa jeung teu mangfa`at ka itu jalma naon sholatna itu jalma jeung teu mangfaat puasana itu jalma jeung teu mangfaat shodaqohna itu jalma.”
Jeung parantos ngadawuh saha Syeh A`li Syadzili ra. :
“ Saha-saha jalma anu ngadahar eta jalma kana perkara Halal maka leuleus naon hatena itu jalma tegesna leleus hatena jeung caang hatena jeung saeutik naon sarena itu jalma jeung teu dihalangan ieu jalma tina dzat hadhrohna Alloh anu maha luhur jeung saha-saha jalma anu ngadahar ieu jalma kana liyan barang halal maka teuas naon hatena ieu jalma jeung keras itu hatena jeung poek hatena jeung dihalangan itu jalma tina dzatna Alloh Ta`alla anu maha luhur jeung matak loba naon sarena itu jalma.”
Jeung parantos ngadawuh Syeh `Ali Khowwash ra. :
“ saha-saha jalma anu ngadahar itu jalma kana barang haram jeung mayeungkeun itu jalma kana ibadah maka ari itu jalma eta cara japati anu nyileumleumman ieu japati kana endog anu ruksak/kacingcalang maka ari itu japati nyapekeun ieu japati kana awakna japati dina salilana tuteup nyileumleum hanteu megarkeun itu japati kana naon-naon balik kaluar ieu endog halna bau buruk/kacingcalang.”
3. yen ngahadirkeun naon hatena musholli dina sholat
Maka saestuna hadirna hate eta ari hadhirna hate eta ruhna sholat sacara yen ngadawuh Kangjeung Nabi saw. :
“ Saha-saha jalma anu hanteu nyegah ka eta jalma naon sholatna jalma tina migawe goreng jeung mungkar mangka hanteu tambah-tambah itu jalma ti Alloh Ta`alla naonnana anging jauh tina rohmat Alloh Ta`alla.”
Tos ngadawuh saha Imam Ghozali ra. :
“ Ari sholat malaweung /poho eta teu nyegah sholat tina migawe goreng jeung migawe mungkar .”
Sareung ngadawuh Kangjeung Nabi Saw. :
“ Ari loba pisan jalma anu sholat eta ari bagiannana anu sholat tina sholatna itu anu sholat eta wungkul payah jeung cape.”
Parantos ngadawuh saha Imam Ghozali ra. :
“ Hanteu ngersakeun Kangjeung Nabi saw. kalawan eta lafazh Qooim /anu sholat anging ka jalma anu lali sholatna.”
Jeung diriwayatkeun ti hasan naona saestuna hasan eta ngadawuh Hasan ra. :
“ Ari sakur-sakur sholat anu hanteu hadhir dina sholatna naon hate maka eta ari sholat kana siksaannana eta leuwih gancang .”
4. maka teu aya eta teuteup ka musholli tegesna jalma anu sholat halna teuteup tina sholatna musholli naon anging sholat anu mikir musholli kana perkara , kalawan fathah pirang-pirang harafna lafaz A`qola anu tilu harafna tegesna mikir-mikr musholli jeung nyahoeun/paham musholli tina sholat tegesna tina sholat.
Parantos ngadawuh Kangjeung Nabi Saw. :
“ Hanteu aya eta teuteup ka si abdi halna teuteup tina sholatna abdi naon anging sholat anu mikir-mikir abdi kana perkara tina sholat. “
Sareung parantos ngadawuh Kangjeung Nabi saw. :
“ Saestuna si abdi eta yaqin sholat ieu abdi kana sholat halna hanteu dituliskeun pikeun abdi naon sapergenepna sholat jeung teu dituliskeun saperpuluh sholat jeung pastina dituliskeun pikeun si abdi halna teuteup tina sholatna abdi naon sholat anu mikir-mikir si abdi tina sholatna.”
5. Yen ulah ujub musholli kalawan sholatna
Maka ari ngagetkeun kalawan sholat eta ari ngageutkeun eta yen ningalikeun musholli saestuna musholli eta ngahaq musholli kana ganjaran jeung kasurga ku itu sholat balik misti naon yen ningalikeun mushollli saestuna musholli eta ngahaq musholli kana disiksa ku naraka kalawan sae pirang-pirang amalna musholli halna teuteup di musholli kalawan ngaleuwihan tina gorengna pirang-pirang amalna karana perkara anu nyaksian musholli kana perkara dina sae pirang-pirang amalna halna teuteup tina goreng adab sarta Alloh anu maha luhur jeung yaqin nyata ka warid naon saestuna Kangjeung Nabi Isa eta teuteup ka Nabi Isa ari rohmat Allah sareung kasalameutan eta aya di Isa as. Eta ngadawuh Isa as. :
“ Loba pisan tina lampu /damar anu mareuman kana lampu naon angin jeung loba pisan tina ibadah yaqin ngaruksak kana ibadah naon ujub. “

Perkara anu Ngaruksak ( Ngabatalkeun ) kana Sholat

فصل فيما يفسد الصلاة
( Pasal ) Perkara anu Ngaruksak ( Ngabatalkeun ) kana Sholat

وهى عشرون
Perkara anu ngabatalkeun kana sholat eta aya 20 :
( الأول ) الحدث عمدا أوسهوا سواء الأكبر أو الأصغر
1. Hadats gede atawa hadats leutik naha dihaja atawa hanteu dihaja
( الثانى ) ملافاة نجاسة غير معفو عنها رطبة أو يابسة لثوب المصلى أو بدنه من غير إزالتها فى الحال
2. Papanggihna najis anu hanteu di ma`fu ( dihampura ) naha baseuh atawa garing dina pakeanna atawa badanna kalayan hanteu ngaleungitkeun saharita
( الثالث ) كشف العورة عمداً ولو سترها فى الحال أو سهوا ولم يسترها فى الحال أما إذا سترها فى الحال فلا تبطل صلاته
3. Ngahaja muka orat sok sanajan ditutup deui nalika eta, atawa hanteu dihaja namung hanteu langsung ditutup. Anapon lamun muka orat eta hanteu dihaja ( poho ) jeung langsung ditutup mangka sholatna hanteu batal
( الرابع ) الكلام العمد غير قرآن وذكر ودعاء بحرفين وإن لم يفهما أو بحرف مفهم ولا يضر يسير كلام وهى ست كلمات فأقل سبق لسنه إليه أو تكلم ناسيا للصلاة أوجهل تحريمه فيها وكان معذورا كأن نشأ ببادية بعيدة عن العلماء أو كان قريب عهد بالإسلام
4. Ngahaja ngomong 2 huruf sok sanajan hanteu mahamkeun atawa sahuruf anu ngamahamkeun salian mangrupa al-qur`an, dzikir jeung doa. Tatapina cariosan anu saeutik nyatana sawateus 6 kalimah atawa leuwih saeutik anu terlanjur tina lisan musholli ( diluar ikhtiyarna ) atawa musholli anu nyarios eta poho, yen dirina keur migawe sholat atawa manehna hanteu nyaho yen nyarios dina waktu sholat eta haram jeung manehna ka asup jalma anu ma`dzur ( dihampura ) saperti sabab manehna hirup di pakampungan anu jauh ti u`lama atawa sabab manehna kakara asup islam, mangka sakabeh eta hanteu mangaruhan kana shahna sholat dina harti hanteu ngabatalkeun.
( الخامس ) الفعل الكثيرعرفا كثلاث خطوات أو ضربات متواليات بأن يكون بين الفعلين أقل من ركعة بأخف ممكن وخرج بالمتواليات المتفرقات بأن يكون بين الفعل الأول والثانى قدر ركعة والوثبة وتحريك جميع البدن ولو من غير نقل قدميه حكمهما كحكم الفعل الكثير ، وأما الفعل القليل كخطوتين أو ضربتين فلا تبطل به الصلاة
5. Pagawean anu loba numutkeun uruf , saperti :
A. 3 lengkah atawa 3 tenggeulan anu tuluy- tumuluy, maksadna antara pagawean anu kahiji jeung anu kadua terjadi dina zaman anu kurang tina saroka`at anu gancang. benteun lamun hanteu tuluy-tumuluy, hartina jarak antara pagawean anu kahiji jeung anu kadua sakitar zaman ( lila ) sholat saroka`at mangka hal eta hanteu ngabatalkeun sholat
B. Luncat
C. Ngageurak-geurakkeun sakabeh badan sok sanajan teu mindahkeun dampal suku
( السادس ) الانحراف عن القبلة ولو بصدره يمنة أو يسرة حتى لو حرفه إنسان قهرا بطلت صلاته ولو عاد عن قرب
6. Ngabalieur tina jihat qiblat, ka katuhu atawa ka kenca sok sanajan kalayan dadana sahingga umpamana musholli dipaksa ku jalma sejen pikeun ngabalieur tina qiblat tuluy manehna langsung balik deui saharita mangka hal eta hanteu ngabatalkeun.
( السابع ) الإتيان بمفطر كأن أكل أو شرب قليلا أو كثيرا عمدا أو أوصل عودا أو نحوه وإن قل إلى جوفه من فمه أو أذن أودبر ولو بلا حركة فمه لأن الحركة وحدها فعل يبطل كثيره كالمضغ
7. Migawe perkara anu ngabatalkeun puasa saperti tuang, ngaleueut sakeudik atawa seueur anu di haja atawa ngasupkeun kai jeung sajinisna tina sungut, ceuli, dubur atawa kana liang anu tembus kana beuteung sok sanajan mung sakeudik jeung kalayan teu aya ngageurak-geurakkeun sungut sabab ngageurak-geurakkeun sungut eta nyalira kaasup pagawean anu lamun loba bisa ngabatalkeun sholat saperti nyapek
( الثامن ) الأكل والشرب الكثير عرفا ناسيا للصلاة أو مكرها أو جاهلا تحريم ذلك معذورا بأن قرب عهده بالإسلام أو نشأ بعيدا عن العلماء فعلم من هذا والذى قبله أن كل ما أبطل الصوم أبطل الصلاة إلا الأكل والشرب الكثير مع النسيان أو الجهل أو الإكراه والفرق بين الصلاة والصوم حيث بطلت بما ذكر دون الصوم أن الصائم لاتقصير منه بذلك إذليس بعبادته هيئة تذكره ولا هى ذات أفعال منظومة بخلاف الصلاة فإن لها هيئة مذكرة وهى ذات أفعال منظومة والفعل الكثيريقطع نظمها أما إذا أكل أو شرب قليلا ناسيا أو جاهلا معذورا فلا تبطل صلاته بخلاف المكره فتبطل صلاته لندرة الإكراه فيها
8. Dahar jeung nginum anu loba numutkeun uruf dina kaayaan poho yen dirina keur migawe sholat atawa sabab dipaksa jeung atawa sabab manehna hanteu nyaho yen dahar jeung nginum eta haram dina waktu sholat sarta musholli ka asup jalma anu ma`dzur, maksadna manehna kakara asup islam atawa hirupna jauh ti u`lama jadi tina katerangan didieu ( no.8 ) jeung samemehna bisa ditarik kasimpulan yen sadaya anu bisa ngabatalkeun puasa oge bisa ngabatalkeun sholat kajaba dahar jeung nginum anu loba dina kaayaan poho atawa hanteu nyaho kaharamanna jeung atawa dipaksa ( maksadna lamun dina sholat batal sedeng dina puasa hanteu batal ).
Anapon bedana sholat jeung puasa ditingali tina bisa batalna sholat kalayan sabab dahar jeung nginum sedengkeun puasa hanteu batal. nyaeta jalma anu puasa eta hanteu dianggap balangah ( sembrono ) kalayan dahar jeung nginum tadi, sabab dina i`badah puasa eta hanteu aya bentuk pagawean anu bisa ngingeutkeunna kalayan sholat, lamun sholat ngabogaan haiat atawa bentuk rapih saperti takbir, ruku, i`tidal, dsb. Sedeungkeun pagawean anu loba eta bisa megatkeun susunan sholat.
Anapon lamun musholli dahar jeung nginum saeutik eta dina kaayaan poho atawa hanteu nyaho jeung ma`dzur ( kakara asup islam atawa jauh ti u`lama ) mangka sholatna tetep sah , lain halna musholli anu dipaksa pikeun dahar jeung nginum mangka sholatna batal, sabab jarang pisan kajadian pamaksaan dahar atawa nginum nalika sholat.
( التاسع ) القهقهة وهى الضحك بصوت أو البكاء أو النفخ أو الأنين أو التأوه أو السعال أو التـنحنح أو العطاس أو التثاؤب فتبطل الصلاة بواحد من هذه إن ظهر به حرفان بلاغلبة أما إذا غلبه فإن كان ماظهر به من الحروف قليلا بحيث لو جمع لم يزد عن ست كلمات لم يضر ، وإن كان كثيرا متواليا ضر إلا التـنحنح فى قراءة الفاتحة أو التشهد الأخير إذا امتنع من قراء تهما سرا بسبب بلغم ونحوه فيعذر فى التـنحنح لذلك ، وإن كثر ماظهر به من الحروف
9. Seuri nyakakak, ceurik, niup, humarurung, ngaduh ( ngomong aduh-aduh ), batuk ngadehem, bersin atawa heuay. Sakabeh eta lamun hanteu kaayaan kapaksa bisa ngabatalkeun sholatlamun tembong kaluar dua huruf tapi lamun dina kaayaan kapaksa jeung nyata tembong perkara huruf namung sakeudik, maksadna lamun di kumpulkeun hanteu leuwih 6 kalimah mangka hal eta hanteu mangaruhan kana sholat. Lain halna lamun niup jeung sajenisna eta tembong jeung ngabentuk huruf anu loba mangka sakabeh eta bisa ngabatalkeun kana sholat, salian ngadehem nalika maca Fatihah atawa tahiyyat akhir, lamun hanteu mungkin maca kaduana kalayan lalaunan anu disababkeun bulghom ( leuleueur ) atawa lianna mangka ngadehem saperti eta sok sanajan tembong jeung ngabentuk huruf anu loba hukumna dihampura
( العاشر ) قطع ركن عمدا كأن أعتدل عامدا قبل تمام الركوع أو سجد عامدا قبل تمام الإعتدال أو جلس للتشهد عامدا قبل تمام السجدة الثانية أما إذا كان ناسيا فإن تذكره قبل فعل مثله تداركه وإن لم يتذكره إلا بعد فعل مثله من ركعة أخرى قام مقامه ويلغى ما بينهما
10. Megatkeun Rukun sholat kalayan ngahaja saperti musholli i`tidal samemeh sampurnana ruku` atawa ngahaja sujud samemeh sampurna i`tidal atawa ngahaja diuk pikeun tahiyyat samemeh sampurna sujud anu kadua , tatapina lamun musholli poho tuluy manehna ingeut samemeh migawe rukun anu sarua kalayan rukun anu manehna tinggalkeun tadi, mangka musholli muhareup langsung nyusulan atawa migawe rukun anu kapegat atawa dipigawe kalayan hanteu sampurna tadi . lamun ingeutna sanggeus migawe rukun anu sarua reujeung rukun anu di tinggalkeun tadi dina rokaat berikutna mangka musholli kudu balik deui dina tempatna rukun tadi pikeun migawena kalayan sampurna, sedengkeun pagawean-pagawean diantara dua rukun eta hanteu di anggap atanapi sia-sia bae.
( الحادى عشر ) زيادة ركن فعلى عمدا كزيادة ركوع أو سجود من غير مسبوق لمتابعة إمامه .أما إذا نسى أنه فعل مثله فلا تبطل صلاته وأما لو كرر ركنا قوليا غير تكبيرة الإحرام كفاتحة وتشهد فلا تبطل صلاته
11. Nambah rukun Fi`li ( pagawean ) kalayan ngahaja saperti nambah ruku` atawa sujud pikeun salian ma`mum masbuq sabab turut ma imamna . tapi lamun musholli poho yen manehna migawe pagawean anu sarua reujeung anu geus dipigawe ( di bolak-balik ) mangka sholatna hanteu batal . anapon ngabulak-balik rukun qouli ( ucapan ) salian takbirotul ihrom saperti ngabalikeun deui bacaan fatihah atawa tahiyyat hanteu ngabatalkeun sholat.

( الثانى عشر ) تطويل الركن القصير عمدا وهو الإعتدال والجلوس بين السجدتين وضابط التطويل أن يطول الإعتدال بقدر الفاتحة زيادة على الدعاء الوارد فيه ، وأن يطول الجلوس بين السجدتين بقدر أقل التشهد زيادة على الذكر الوارد فيه فإن كان دون ذلك لم يضر
12. Ngahaja manjangkeun rukun anu pondok ( rukun anu pondok nyaeta i`tidal jeung diuk diantara 2 sujud ) . watesan manjangkeun nyaeta manjangkeun i`tidal kalayan nambah du`a anu biasa kalaku dina i`tidal sahingga panjangna sarua reujeung perkiraan bacaan fatihah, jeung manjangkeun diuk diantara 2 sujud kalayan nambah dzikir anu geus kalaku sahingga lilana sarua reujeung lilana paling sakeudikna tahiyyat. Namung lamun nambihna dihandap wates-wates di luhur mangka sholatna tetep sah.
( الثالث عشر ) تخلف المأموم عن إمامه بركنين فعليين عمدا لغير عذر
13. Ngahaja ma`mum hayang tinggaleun ti imam kalayan dua rukun fi`li kalayan hanteu aya udzur anu ngameunangkeunna
( الرابع عشر ) تقدمه بهما عليه كذلك
14. Miheulaanna ma`mum ka imam kalayan dua rukun fi`li kalayan hanteu aya udzur jeung dihaja.
( الخامس عشر ) الردة والعياذ بالله وهى قطع الإسلام بقول أو فعل أو اعتقاد
15. Murtad nyatana megatkeun islam kalayan omongan atawa pagawean atawa i`tiqod, urang nuhunkeun panyalindungan ka Alloh mudah-mudahan di jauhkeun tina murtad . Aaaaaamiiiin.
( السادس عشر ) ظهور بعض ما يستر بالخف من الرجل أو خروج وقت مسحه لبطلان بعض طهارته
16. Tembongna sabagean suku anu ditutupan sapatu atawa beakna waktu meunangna ngusap sapatu sabab batalna sabageab susucina musholli
( السابع عشر ) الشك فى النية أو فى شيء من شروط الصلاة كالصلاة أو هل نوى ظهرا أو عصرا ومضى على ذلك زمن يسع قدر الطمأنينة وهو فى الصلاة أما لو زال الشك سريعا كأن خطرله خاطر ، وزال سريعا فلا
17. Mangmang dina niat atawa mangmang dina sabagean syarat-syaratna sholat anu aya atawa mangmang ngeunaan naon manehna niat sholat zhuhur atawa ashar jeung waktu mangmangna eta sahingga nepi perkiraan thuma`ninah sarta hal eta kajadian dina waktu sholat. Namung lamun mang-mang eta langsung lengit saharita, mangka sholatna tetep dianggap sah.
( الثامن عشر ) نية الخروج من الصلاة قبل السلام إما حالا أو بعد ركعة مثلا فإنها تبطل حالا كما لو نوى أنه يكفر غدا فإنه يكفر حالا
18. Niat kaluar tina sholat samemeh sholat, naha kaluar saharita atawa saperti : sapaantos tiasa sarokaat kaula bakal kaluar tina sholat, maka sholatna bakal batal saharita eta oge sakumaha jalma anu niat bakal kufur isuk-isuk, mangka saharita oge manehna jadi kafir.
( التاسع عشر ) التردد فى قطعها فمتى تردد بطلت صلاته
19. Mangmang dina megatkeun sholat. Jadi salagi musholli mangmang mangka sholatna batal.
( العشرون ) صرف نية صلاة إلى غيرها سواء كانت فرضا أو نفلا ، نعم لو كان يصلى منفردا ، ورأى جماعة سن له صرف فرض إلى نفل مطلق ليدرك فضيلة الجماعة بشروط ستة
20. Mengkolkeun niatna hiji sholat dina sholat anu sejen, naha eta sholat fardhu atawa sholat sunnah.tatapina lamun musholli keur sholat sorangan jeung manehna ningali jalma-jalma anu sholat berjamaah, mangka disunatkeun pikeun musholli tadi pikeun mengkolkeun sholat fardhu kana sholat sunat mutlaq, tujuanna supaya supaya menangkeun fadhillah berjamaah kalayan nuturkeun 6 syarat sakumaha anu bade di tutur :
( الأول ) أن يتحقق إتمامها فى الوقت لو استأنفها وإلا حرم القلب
1. Jelas bakal nuturkeun waktu pikeun nyampurnakeun sholat tadi lamun malikanna deui ti hareup , lamun hanteu mangka haram mengkolkeun sholat tadi.
( الثانى ) أن تكون ثلاثية أو رباعية فإن كانت ثنائية لا يندب القلب بل يجوز لأن النفل المطلق يجوز فيه الإقتصار على ركعة
2. Sholat fardhu anu dipigawe mangrupikeun sholat anu 3 atawa 4 rokaat. Sedengkeun sholat anu 2 rokaat hanteu di sunatkeun mengkolkeun bahkan hukumna jawaz ( meunang ) kalayan aleusan sabab sunah mutlaq eta meunang diringkeus sarokaat.
( الثالث ) أن يشرع فى ركعة ثالثة ، فإن شرع فى الثالثة من الثلاثية أو الرباعية لايندب القلب بل يجوز
3. Si musholli bakal ngasupan rokaat anu katilu. Jadi lamun musholli geus ngasupan rokaat katilu tina sholat fardhu anu tilu atawa 4 rokaat, mangka hanteu di sunatkeun mengkolkeun bahkan mung meunang.
( الرابع ) أن لايرجو وجود جماعة غيرها ، فإن رجا وجود غيرها لايندب القلب بل يجوز
4. Hanteu mihareup ayana jamaah deui salian jamaah anu geus aya. Jadi lamun mihareup ayana jamaah deui, mangka mengkolkeun niat hanteu disunatkeun bahkan mung kengeng.
( الخامس ) أن لايكون الإمام مبتدعا ، وإلا فلا يندب القلب حينئذ بل يكره
5. Imamna hanteu kagolong jalma anu ahli bid`ah ( perkara anyar dina agama ) jadi hanteu disunatkeun mengkolkeun niat fardhu kana sunat lamun imamna ahli bid`ah bahkan hukumna makruh.
( السادس ) أن تكون الجماعة مطلوبة فى تلك الصلاة فلو كان يصلى فائتة لم يجز قبلها نفلا ليصليها فى جماعة حاضرة أو فائتة ليست من نوعها فلو كانت الجماعة فى فائتة من نوعها كأن كان ظهرين أو عصرين جاز القلب مالم يجب قضاء الفائتة فورا وإلا حرم القلب ولو خشى فى فائتة فوت حاضرة وجب قلبها نفلا . فعلم أن القلب تارة يسن وتارة يجب وتارة يحرم وتارة يكره وتارة يجوز
6. Sholat anu di pigawe kaasup sholat anu di anjurkeun berjamaah, lamun anu dipigawe nyaeta sholat faitah ( geus liwat waktu ayana ) jeung keur berjamaah kalayan imam anu sholat hadiroh ( aya ) atawa sholat faitah anu hanteu sajenis, mangka hanteu meunang mengkolkeun niat faitahna dina sholat sunah.tatapina lamun jamaah anu rek dituturkeun nyaeta sarua faitah anu sajenis saperti sholat zduhur kalayan sholat zhuhur atawa sholat ashar kalayan sholat ashar mangka meunang mengkolkeun sholatna salagi sholat faitah anu dipigawena eta hanteu wajib qodho` kalayan gancang, tatapina lamun faitah eta wajib dipigawe gancang mangka haram mengkolkeunna.lamun musholli dina waktu migawe sholat faitah hawatir tinggaleun migawe sholat hadiroh mangka hukumna wajib mengkolkeun tina sholat faitah dina sholat sunah.
Tina uraian diluhur bisa dikanyahokeun yen ngabalikeun atawa mengkolkeun sholat fardhu dina sholat nafl ( sunah ) terkadang hukumna sunat,haram, makruh jeung jawaz ( meunang )
( Tanwirul Qulub hal.147 nepika 150 )

SIFAT SHOLAT AHLI QURB

فى صلاة أهل القرب
 SHOLAT PIRANG-PIRANG JALMI ANU SALAWASNA CAKEUT REUJEUNG ALLOH SWT


إذا دخلت فى الصلاة فأنس الدنيا وأهلها
Dimana-mana asup anjeun dijero sholat , mangka kudu mohokeun anjeun kana dunya sareung eusina dunya ( maksadna upamih hoyong tuang dina waktuna sholat mangka kedah tuang heula, teuras wudhu neumbe sholat supados dina waktu takbir sholat teu emut kan tuang da tos tuang, kitu deui dina perkara sanesna sapertos dompet, eta dompet simpeun heula dina tempatna teras wudhu neumbe sholat, supados dina waktu takbir  sholat teu ngemutan dompet da tos disimpeun dompet dina tempatna, nya kitu deui  tina perkara sanesna tina aliyah dunya. ),
 وأقبل على الله تعالى إقبالك عليه يوم القيامة
( lajeung ) keudah madeupkeun anjeun mung ka Alloh Ta`ala ( wungkul ), sakumaha anjeun  madeup dina poe qiamah engke.

 ووقوفك بين يدى الله ليس بينك وبينه ترجمان وهو مقبل عليك وتناجيه وتعلم بين يدى من انت واقف فإنّه الملك العظيم

Keudah Dzikir anjeun nalika ngadeug di payuneun Alloh Swt., antara anjeun sareung  Alloh Swt. Hanteu aya  penerjemah. Manteunna ( Alloh Swt.) madeup ka anjeun ( hartosna ninggal , ngawas, sareung miara mata hate anjeun ) sareung anjeun Munajat ka Manteunna  (Alloh Swt.),  anjeun uninga yen anjeun ngadeug di payuneun Hiji Dzat anu Maha Ngarajaan tur Maha Agung ( hartosna anjeun ngadeug sanes di payuneun Para Nabi, Para Rosul, Para U`lama, para Hukama sareung Para Kubaro,  tatapina anjeun ngadeug di payuneun alloh Swt. anu parantos ngadameul Ruhna para Nabi, Para Rosul, Para U`lama, para Hukama sareung Para Kubaro , Anu sakeudahna anjeun pika isin, pika segen tur anjeun pika sieun di dunya dugika akherat ).


وقيل : لبعضهم كيف تكبر ؟ تكبرة الأولى فقال ينبغى إذا قلت ألله أكبر أن يكون مصحوبك فى الله التعظيم مع الألف والهيبة مع اللام والمراقبة والفرق مع الهاء

Di carioskeun ka sapalih Muqorrobin (  tegesna pirang-pirang jalmi anu salawasna cakeur reujeung Alloh Swt. ) : “ kumaha anjeun midameul takbir anu kahiji ( dina waktu sholat ) ?” Waleur-Na :” Sakeudahna nalika anjeun ngucapkeun  Allohu Akbar, eta haraf Alif ( tina lafadz Alloh ) nyartaan anjeun dijero Kaagungan Allah ( Ta`zhim ), haraf Lam ( tina lafadz Alloh ) nyartaan anjeun dina rasa sieun ku Alloh dibareungan rasa hurmat ka Alloh Swt. ( Haibah ), sareung haraf  Haa ( tina lafadz Alloh ) nyartaan anjeun tina ngajaga diri ( Muroqobah ) sareung misahkeun diri ti salian Alloh Swt. ( Farq )


وإعلم : ان من الناس من إذا قال ألله أكبر غاب فى مطالعة العظمة وصار الكون بأسره فى فضاء شرح صدره كخردلة بأرض فلاة ثمّ يلقى الخردلة فما يخشى من الوسوسة وحديث النفس وما يتخايل فى الباطن هو من الكون الذى صار بمنـزلة الخردلة والقيت فكيف تزاحم الوسوسة مثل هذا العبد والله تعالى أعلم

Kanyahokeun ku anjeun kana saestuna diantara manusa aya hiji abdi anu nalika ngucapkeun Allohu Akbar, Lebur eta hiji abdi dina kaghoiban dina ninggal Kaagungan Alloh Swt. Jagad sakabehna aya dina dataran karubakkan jiwana, saupama hiji sasawi di taneuh anu rubak, lajeung anjeunna mendakan eta siki sasawi, mangka mang-mang sareung harewosan jiwa anu dipikasieun sareung naon anu dihayalkeun dijero batin, nyaeta  jagad anu geus jadi leutik  sasiki sasawi , anu salajeungna dialungkeun. Lajeung kumaha anjeun tiasa miceun mang-mang sapertos ieu abdi ?

( ari Alloh eta anu langkung Uninga )





Walloohu Ta`ala A`lamu “

HAKEKAT SHOLAT ZHOHIR SAREUNG HAKEKAT SHOLAT BATHIN

قال الإمام بركة الأنام عبد الله باعلوى الحداد رضى الله عنه :
Parantos ngadawuh Imam Abdulloh bangsa Ba`a`lawi Al-Hadad ra. :

إنّ للصلاة صورة ظاهرة وحقيفة باطنة لاكمال للصلاة ولا تمام لها إلا بإقامتها جميعا

Saentuna pikeun sholat eta aya 2 hakekat :
1.Hakekat sholat Zhohir
2.hakekat Sholat bathin
Sholat eta hiji jalma moal rek dianggap sampurna, kajaba kalawan neurapkeun dua hakekat eta sakaligus.


فأمّا صورتها الظاهرة فهى القيام والقراءة والركوع والسجود ونحو ذلك من وظائف الصلاة الظاهرة


Anapon hakekat sholat Zhohir nyaeta ngadeug, maca,ruku`,sujud sareung anu samisal eta tina tugas-tugas sholat anu zhohir.

وأمّا حقيقتها الباطنة فمثل الخشوع وحضور القلب وكمال الإخلاص والتدبّر والتفهّم لمعانى القراءة والتسبيح ونحو ذلك من وظائف الصلاة الباطنة


Sedeungkeun hakekat sholat batin-na nyaeta ,Khusyu`,hadir hati, katulus ikhlasan anu sampurna, naliti , mahamkeun pirang-pirang ma`na bacaan sholat,tasbih sareung samisal eta tina tugas-tugas sholat batin.


فظاهر الصلاة حظّ البدن والجوارح وباطن الصلاة حظّ القلب والسّرّ وذلك محلّ نظر الحقّ من العبد أعنى قلبه وسرّه


Tugas Sholat Zhohir dipigawe ku bagean badan sareung anggahota.Manakala tugas sholat batin jadi bagean hate sareung rasa kabatinan-na. Hate sareung rasa dijero dirina ieu jadi perhatian Alloh dina saban abdi-na.

قال الإمام الغزالىّ رحمه الله تعالى : مثل الذى يقيم صورة الصلاة الظاهرة ويغفل من حقيقتها الباطنة كمثل الذى يهدى لملك عظيم وصيفة ميّتة لاروح فيها ومثل الذى يقصّر فى إقامة ظاهر الصلاة كمثل الذى يهدى إلى الملك وصيفة مقطوعة الأطراف مفقوأة العينين فهو والذى قبله متعرّضان من الملك بهديّتهما للعقاب والنكال لاستهانتهما بالحرمة واستخفافهما بحقّ الملك





Imam Ghozali ra. ngadawuh: “ Perumpamaan jalma anu ngadeugkeun sholat sacara hakekat zhohir wungkul kalawan mengabaikan hakekat sholat batinna, saumpama hiji jalma anu ngahadiahkeun hiji putri anu geus maot, teu aya nyawaan deui, ka hiji Maha raja Agung. Sareung  perumpamaan jalma anu poho dina ngadeugkeun hakekat sholatna anu zhohir, saumpama hiji jalma anu ngahadiahkeun hiji putri anu buntung suku leungeunna jeung lolong panonna, ka hiji Raja. Ieu dua jalma bakal dibendu ku Raja disababkeun hadiahna. Areunjeunnana bakal disiksa sareung dikaniaya ku Raja, sabab ngahina kana kadudukan Raja sareung mengabaikan Hak-Na.


ثمّ قال فأنت تهدى صلاتك إلى ربك فإيّاك أن تهديها بهذه الصفة فتستوجب العقوبة إنتهى بمعناه


Salajeungna Imam Ghazali ra. ngadawuh : “ Perumpamaan eta sami reujeung anjeun anu ngahadiahkeun sholat ka Alloh Swt. mangka keudah waspada, montong ngahadiahkeun sholat anjeun kalawan eta pirang-pirang sifat, sahingga payus anjeun narima siksaan ti Alloh Swt.” Kitu maksadna.

sifat 7 langit

بســم اللهِ الرحمـن الرحيـم
قال الشيخ جلال الدين السيوطي رحمه الله تعالى فى كتابه (أسرار الكون ) : فى صفات السموات السبع 
Parantos ngadawuh Syekh Jalaluddin Suyuti  Rhm. Dina kitabna (anu judulna asrorul kaun = Pirang-pirang rusiah alam semesta): dina nerangkeun firang-pirang sifat 7 lapis langit :
وأخرج إسحاق بن راهويه في مسنده ، والطبراني في الأوسط ، والترمذي ، وابن المنذر ، عن الربيع بن أنس قال: (السماء الدنيا: موج مكفوف ، والثانية: مرمرة بيضاء ، والثالثة: حديد ، والربعة: نحاس ، والخامسة: فضة ، والسادسة: ذهب ، والسابعة: ياقوتة حمراء).
Ngaluarkeun Imam Ishaq bin Rohawaih dina kitab Musnad-na, sareung Imam Thobroni dina kitab Al-Awsat-na, sareung Imam Tirmidzi, sareung Ibnu Mundzir, ti Robii` bin Anas anu ngadawuh : ( langit dunya : tina ombak anu lolong ( maujun makfuf ), sareung langit ka-2 : tina Marmar anu bodas , langit ka-3 : tina besi, langit ka-4: tina tambaga , langit ka-5 : tina Perak, langit ka-6 : tina Emas, jeung langit ka-7 : tina yaqut beureum ( batu merah dalima ).

وأخرج أبو الشيخ- بسند واه- عن سلمان الفارسي قال: (السماء الدنيا: من زمردة خضراء واسمها رقيعاء ،
Sareung ngaluarkeun Abu Sheikh – kalawan pirang-pirang sanadna- ti Salman Al-Farisii anu ngadawuh : ( langit dunya : tina zamrud hejo jeung ngaran itu langit dunya eta Roqii`aa ,
والثانية: من فضة بيضاء واسمها أزقلون ،
langit ka-2 diwangun tina perak anu bodas jeung ngarana Azqoluun
والثالثة: من ياقوتة حمراء واسمها قيدوم ،
langit ka-3 tina yaqut beureum ( batu merah delima ) ngaranna Faiidum
والرابعة: من درة بيضاء واسمها ماعونا ،
langit ka-4 diwangun tina mutiara anu bodas ngarana Maa`uunan
 والخامسة: من ذهبة حمراء واسمها ريقا ،
langit ka-5 tina emas beureum ngaranna Riiqon
والسادسة: من ياقوتة صفراء واسمها دقناء ،
langit ka-6 tina yaqut koneng ngaranna Daqonaa

والسابعة: من نور واسمها عريبا
langit ka-6 tina yaqut koneng ngaranna A`riban

وقال الإمام الغزالى رحمه الله تعالى فى كتابه ( مكاشفة القلوب ) ص. 92 :
Parantos ngadawuh Imam Ghozali Rhm. Dina kitabna ( anu judulna Mukasyafatul Qulub ) hall 92  :
بين سماء الدنيا والأرض وكذا بين كل سماء وسماء خمسمائة عام وغلظ كل سماء كذلك ،
“ Diantara langit dunya jeung bumi , kitu deui antara hiji langit jeung langit anu sejen ngagaduhan jarak 500 taun perjalanan , kitu deui kandeul saban langit,

 وقيل أنّ السماء أشدّ بياضا من اللبن وإنما اخضرت من خضرة جبل قاف واسم تلك السماء رقيعة
Dicarioskeun saestuna langit dunya ieu leuwih bangeut bodas warnana tibatan susu lamun langit katingal bulao eta sabab tegtogan ( pantulan ) bulaona gunung Qoof, jeung ari ngaran langit dunya eta Roqii`ah
والثانية من حديد تتلألأ نورا واسمها فيدوم أو ماعون
langit ka-2 diwangun tina beusi anu  moronyoy ngaluarkeun cahaya jeung ngarana Faiiduum atanapi Maa`uun
والثالثة من نحاس يقال لها ملكوت أو هاريون
langit ka-3 diwangun tina tambaga  anu disebat kalawan Malakuut atanapi Haaroyuun
والرابعة من فضة بيضاء يكاد نورها يخطف الأبصار واسمها الزاهرة
langit ka-4 diwangun tina perak anu bodas ampir-ampit cahayana tiasa ngicalkeun paningali soca , ngaranna nyaeta Zaahiroh
والخامسة من ذهب أحمر يقال لها المزينة أو المسهرة
di langit ka-5 tina emas beureum , anu disebat Muzayyanah atanapi Musahharoh
 والسادسة من جوهرة تتلألأ نورا واسمها الخالصة
langit ka-6 tina mutiara anu gilang-gumilang cahayana, ngaranna Khoolishoh
والسابعة من ياقوتة حمراء واسمها اللأبية أو الدامعة
langit ka-7 tina yaqut beureum ( batu merah delima ) ngaranna La,biyyah atanapi Daami`ah
وفيها البيت المعمور له أربعة أركان : ركن من ياقوتة حمراء وركن من زبرجدة خضراء وركن من فضة بيضاء وركن من ذهب أحمر
jeung dijero langit ka-7 ieu aya baetul ma`mur anu ngagaduhan 4 tihang, satihang tina yaqut beureum, satihang tina jabarjud, satihang tina perak bodas sareung satihang deui tina emas beureum,
 وورد أنّ البيت المعمور من العقيق يدخله كل يوم سبعون ألفا من الملائكة لايعودون إليه إلى يوم القيامة
dugi kaurang sadayana hiji riwayat kana saestuna baetul ma`mur eta diwangun tina batu akiq sareung saban dinteunna 70 malaikat leubeut kajerona, jeung teu balik deui dugika poe kiamah.