مُقَدِّمَةٌ
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِى بِنُوْرِجَمَالِهِ أَضَاءَ قُلُوْبَ اْلعَارِفِيْنَ وَبِهَيْـبَةِ جَلَالِهِ أَحْرَقَ فُؤَادَ ْالعَاشِقِيْنَ وَبِلَطَائِفِ عِنَايَـتِهِ عَمَّرَ سِرَّ ْالوَاصِلِيْنَ وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ أَبَدًا عَلىَ خَيْرِ خَلْقِهِ سَيِّدِنَامحَُمَّدٍ خَاتِمِ اْلأَنْبِيَاءِ وَاْلمُرْسَلِيْنَ وَذِى الشَّفَاعَةِ ْالعَظِيْمِ وَقَائِدِ ْالغُرِّ ْالمُحَجَلِيْنَ وَعَلَى آلِهِ وَ سَائِرِ اْلأَنْبِيَاءِ وَاْلمُرْسَلِيْنَ وَاْلمَلَائِكَةِ ْالمُقَرَّبِيْنَ وَاْلأَصْحَابِهِ وَالشُّهَدَائِهِ وَْالعُلَمَائِهِ ْالعَامِلِيْنَ وَاْلأَوْلِيَائِهِ صَلَوَاتُ اللهُ وَسَلَامُهُ عَلَيْهِمْ أَجْمَعِيْنَ … آمِيْنَ
BUBUKA
Sadaya jenis puji eta tetep kagungan Alloh anu nyaangan kana ( Aqal anu aya di jero ) pirang-pirang hate jalma anu uninga ka Allohna, kalayan cahaya kageulisan-Na. Ngaduruk hate jalma anu asyik mikasono-Na, kalayan kahebatan kamulyaan-Na. Ngamakmurkeun rusiah jalmi-jalmi anu janteun panghubung ka jalan-Na, kalayan pitulung-Na anu lemah -lembut. Sholawat sareung salam ِsalamina di wuwuhkeun ka makhluk-Na anu pang hadena, pamingpin abdi sadaya Qiblatuna Muhammad Saw. Anu janteun panutup para Nabi sareung Rosul anu ngagaduhan syafa`at Uzhma sareung pamingpin para abdi anu moronyoy sareung sholawat sarta salam ِsalamina diwuwuhkeun kakulawargi-Na Saw. Kitu deui ka sadaya para nabi sareung para rosul, para malaikat muqarrobin ( malaikat anu salawasna cakeut reujeung Alloh ), para shohabatna, syuhadana, para u`lamana anu ngamalkeun kana elmuna sareung para walina. Sholawat Allah sareung salam-Na eta teuteup ka aranjeunna sadayana. Aaaaaamiiiin.
( أَمَّابَعْدُ ) فَقَدْ أَلَّفْتُ هَذَا اْلكِتَابَ لِيَتَمَسَّكَ بِهِ طَالِبُ ْالحَقِّ وَيَسْتَعِيْنَ بِهِ عَلَى سُلُوْكِهِ إِنْ شَاءَ الله ُتَعَالَى , وَأسْتَعِيْنُ فِى ذَلِكَ بِاللهِ تَعَالَى مِنَ ْالخَلَلِ وَالزَّلَلِ وَهُوَ خَيْرٌ نَاضِرٌ وَمُعِيْنٌ وَإِ يَّاهُ أَسْأَلُ أنْ يَنْفَعَ بِهِ أَنَّهُ قَرِيْبٌ مُجِيْبٌ
( Anapon saparantos eta ):
Simkuring ngarang buku ieu supados tiasa janteun ceuceukeulan pikeun jalmi anu milari bebeneran , sareung janteun cetakan pikeun dijanteunkeun ceuceukeulan moralitas anu luhur ( suluk ). Insya Alloh. Simkuring salawasna nyuhunkeun ka Alloh Swt. Supados dijero ngarang ieu diteubihkeun tina cacad sareung sasar.Karana mung Alloh anu Maha Panulung sareung Maha Panyalameut anu langkung sae, sareung tangtu, mung ka Alloh simkuring nyuhunkeun supados buku ieu tiasa mere mangfa`at, mung Alloh anu maha Cakeut tur Maha ngobulkeun kana sadaya du`a.
وربما قال قائل ممن لا يعقل: الكتب كثيرة وفيها غنية وكفاية فلا فائدة في تصنيف الكتب في هذا الزمان، فهذا القائل إن أصاب في قوله: إن في الكتب غنية وكفاية فقد أخطأ في قوله: لا فائدة للتصنيف في هذا الزمان، لأن للقلوب ميلاً بحكم الجبلة إلى كل جديد، وأيضاً فإن الله يُنطِق علماء كل زمان بما يوافق أهله، والتصانيف تبلغ الأماكن البعيدة وتبقى بعد موت العالم فيحصل له بذلك فضل نشر العلم ويكتب معلماً داعياً إلى الله في قبره،.
Jeung terkadang ( Meureun ) aya anu nyarios :” Geus loba kitab anu disusun kalayan rupi-rupi uraian sareung panjeulasan anu akurat , mangka teu aya gunana deui urang ngarang di zaman kiwari.
Ieu jalma , sok sanajan anjeuna meureun beuneur dina cariosanna, yen kitab geus loba , tapi anjeunna geus saliru nyarioskeun yen teu aya gunana deui nyusun kitab di zaman kiwari, sabab geus jadi tabeat manusa anu doyong kana perkara-perkara anu anyar .Alloh Swt. oge parantos nganjurkeun ka para U`lama sangkan tiasa adaptasi ka masyarakat anu hirup dina zamanna.
Karya tulis tiasa ngadugikeun kana tempat-tempat anu jauh sareung mangfaatna tiasa salawasna diraoskeun sok sanajan si panulis geus maot, mangka kalawan karya tulisna eta , anjeunna meunang kautamaan salaku saurang panyeubar elmu , sareung bakal di cateut di leubeut kuburna salaku Muallim anu umajak ka jalan Alloh Swt.
كما قال رسول الله صلى الله عليه وسلم: "من أنعش لسانه حقاً يعمل به من بعده أُجرِيَ عليه أجرُه إلى يوم القيامة"
sakumaha pidawuh Nabi Saw. : “ Sing saha jalma anu make letahna pikeun neupikeun bebeneuran eta salawasna diamalkeun ku jalma sejen saparantos maotna , mangka anjeunna bakal meunangkeun ganjaran anu ngalir tuluy-tumuluy dugi ka poe qiamah”.
وقد سميت هذه الكتاب بصلاة الأولياء للإتباع الأنبياء للراغبين من المؤمنين والطالبين والمريدين والسالكين والسّائرين والطائرين والواصلين في سلوك طريق الآخرة "
Sareung Yakin parantos nganamian simkuring kana ieu buku kalawan nami “ SHOLATUL AULIYA LITTIBAA`IL AMBIYAA “ pikeun pirang-pirang jalmi anu resep ti kaum mu`minim dina ngambah jalan akherat.
أسأل الله تعالى أن ينفعني بها وسائر المؤمنين، وأن يجعل جمعي لها واعتنائي بها وبتأليفها خالصاً لوجهه الكريم
Simkuring Nyuhunkeun ka Alloh Swt. supados ieu buku tiasa mere mangfaat khususna pikeun diri simkuring nyalira sareung sadaya kaum mu`minin , mugia Alloh maparin ka Ikhlasan dina panyeuratan ieu.
وهذا أوان الابتداء وبالله التوفيق فأقول مستعيناً بالله ومفوضاً إليه، وسائلاً منه أن يوفقني لإصابة الصواب في النيات والأعمال والأقوال، فإنه ولي ذلك والقادر عليه، وهو حسبي ونعم الوكيل:
Ari ieu eta waktosna ngawitan, sareung ka Alloh ari nyuhunkeun pitulung ( mangka simkuring ngucap ) : barina anu nyuhunkeun tulung ka Alloh sareung anu masrahkeun ka Alloh sareung anu neda ( nyuhunkeun ) ti Alloh kana yen maparin taufik Alloh ka simkuring kana ngeunaan leureus dina pirang-pirang niat, pirang-pirang amal sareung pirang-pirang ucap, karana saestuna Allloh Swt. eta anu nulungan kana itu ngeunaan lereus ( Showab )sareung anu kawasa kana ngeunaan leureus sareung ari Alloh Swt. eta anu maha nyeukapkeun ka simkuring, sareung anu pangsaena anu dipasrahan.
ABDILLAH HASAN BIN HASANUDDIN AL-QORUTY
RIWAYAT HIRUP RINGKEUS
- Sayyidul Arwah
- MY NAME ADE ANAK PASLAN MERUPAKAN SANTRIWAN DI MAJLIS TA`LIM SAYYIDUL ARWAAH AND MY ADRESS AT SITUGUNTING BARAT STREET RT05 RW09 KEC.BABAKAN CIPARAY BANDUNG
CATATAN MY TEACHER
-
▼
2012
(26)
-
▼
Januari
(26)
- caver buku
- صَلاَةُاْلأَوْلِيَاءِ
- SHOLAWAT DAMEULAN SIMKURING ANU HINA
- BUBUKA
- ASAL-USUL SHOLAT DI ALAM LAHUT SAREUNG JABARUT
- ASAL USUL SHOLAT DI ALAM MALAKUT
- ASAL USUL SHOLAT DI ALAM NASUT
- Malaikat Jibril as. ngajar Rosululloh Saw. Tatacar...
- Malaikat Jibril as. ngajar Rosululloh Saw. Tatacar...
- Rosululloh Saw. ngajar Sayyidah Khodijah tatacara ...
- Dina mimitina sholat diwajibkeun dua roka`at tuluy...
- Malaikat Jibril nangtukeun pirang-pirang waktu Sho...
- Disampurnakeuna pirang-pirang sholat anu lima waktu
- Bantahan Alloh ka kaum anu ingkar kana mi`raj Nabi...
- Sababna Mi`roj
- Sifat Buroq
- SYARAT SAHNA SHOLAT
- PRANG-PIRANG RUKUN SHOLAT
- SUNAT AB`AD
- SUNAT HAIAT
- PIRANG-PIRANG MAKRUHNA SHOLAT
- SYARAT DI TARIMANA SHOLAT
- Perkara anu Ngaruksak ( Ngabatalkeun ) kana Sholat
- SIFAT SHOLAT AHLI QURB
- HAKEKAT SHOLAT ZHOHIR SAREUNG HAKEKAT SHOLAT BATHIN
- sifat 7 langit
-
▼
Januari
(26)
Diberdayakan oleh Blogger.
DAFTAR HEULA ATUH
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar